Ke..ke..ke..ari kyai sok ngabohong ?
eta we basa diwawancara ku sctv, ngeunaan haramna presiden awewe,
nu hiji nyebutkeun aya kaputusanana waktu kongres NU di Lombok yen pamimpin
awewe teh haram nu hiji deui cenah euweuh kaputusan, padahal dua duana sarua
ngilu kongres.
Hiji deui, mun seug Gusdur lolos atawa diloloskeun ku KPU jadi capres anu
ngagandeng, Marwah Daud Ibrahim, kira kirana kaluar fatwa haram eta ? Mun
tetep kaluar
naha teu berlaku jang cawapres anu sarua awewe. Enya ari keur GD mah Marwah
teh
wawakil, atawa ma'mum, tapi keur ra'yat tetep we pamimpin anu mere
kaputusan, lamun
GD halangan. Untung teu lolos! hehe.
Embohna....Naha ari ceuk Kyai pamimpin teh ngan ukur presiden, ari jadi
mentri
lain pamimpin kitu ?
Naon hukum mun awewe jadi mentri ( conto Rini Suwandi, komo Khofifah
Indarparawangsa mah ti NU ) sunah, subhat, atawa haram ?
Ah lieur jeung loba pikaseurieun ayeuna mah, komo nitenan tingkah polah
capres/cawapres, aya nu ka terminal padahal mudik lebaran masih lila, aya
nu kapasar api api balanja, aya nu hahaleuangan deui dipanggung, keur
audisi AFI atawa capres/cawapres Idol ? Ingat pitch control yah ! hehe
syam ridwan
----- Original Message -----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, June 04, 2004 9:40 AM
Subject: Re: [UrangSunda] Kiai Khos ngaharamkeun milih Mega
> Hehehehe .........geus lami kuring mah teu pati percaya ka para Kyai teh,
> lolobana teh agama dijieum alat keur kakawasaan. Ngajak ulah milih Mega,
sah
> sah wae, ngan ulah ngatas-namakeun ceuk Tuhan atuh!
> -BahWilly-
> ----- Original Message -----
> From: Budhi Setiawan
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, June 04, 2004 8:44 AM
> Subject: [UrangSunda] Kiai Khos ngaharamkeun milih Mega
>
>
> Rada teu ngartos lah .... naha agama bet janten komoditas politik ...
> Salut ka Mega, diam-diam menghanyutkan (naon nya paribasa sunda-na),
> katingali santei mung geuningan ngarepotkeun kiai dugi ka kedah mukaan
> kitab, sareng katingalina janten aheng lah ...
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/