Haturan teh nety.............
Didieu tos tabuh satengah sabelas wengi. Panginten di dinya tabuh panginten tabuh satengah sabelas siang nya......atuh bade mayunan tuang siang nya teh. Tuh aya sambel tarasi deui teteh mah di kota pahlawan tos lami teu nyambel, janten sono oge kana sambel..he he, sanes teu aya tarasi mung anu di bumi teu sedepen tarasi sami. Hoyong pisan hiber teh, mung teu gaduh jangjang........ah , raos teteh mah aya di nagri sabrang, tos kamana wae teh diditu teh? Iraha atuh bade mulih ka lembur, lemburna di mana kitu teteh teh, rupi teteh sapertos bule panginten nya....geulis tea, urang sunda anu kacampuran ku indo duh...langkung geulis kacida......Kintun fotona nya teh !!. hoyong terang.....
Semanggi teh lalab-lalaban di tinyuh ku naon nya teu apal teteh oge, da sanes tina pecel......duka naon pokona raos teh.....matak deudeuieun......
Diantos teh kasumpingan nana, mangga lajengkeun......
 
Salam
Teh tien

Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Didieu tabuh slapan enjing enjing.benteun 12 jam,payunan di indo.
sok atuh iraha bade hiber kadieu?engke ku abdi di ajak jalan jalan,tenang bae sanggu sareng asambel tarasi aya didieu.,kalereesan kamari aya raka tugas kadieu.
janten nyandak oleh oleh lembur,lumayan......
seuer orang sunda didieu.aya sababraha keluarga sunda anu di dallas.
biasana para ibu ibu sok tiap sasih tuang ngariung.aya anu ibanjar,cianjur,garut.bandung
pokona resep.
insya alloh upami kalembur bade mampir
aduh meni kabita eta bandeng ,komo bandeng presto....,teu aya masakan kitu didiemah teh,aya oge masakan orang barule,komo abdimah pami tuang sambel sok di luar,da roge teu sedepeun.... padahal sambel teh matak ni,mat.
nuhun ahah kana pangangkenan teh.
naon semangi teh ,asa nembe nguping?
na ari teteh aya dimana ayeuna ,aya di kota arek arek.atanapi kota dodol? 
sasegut segutna kang iyan ku bandengmah kabitaeun.
 
baktos
nty 

teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tabuh sabaraha teh ayeuna diditu...? didieu wayah tabuh 4.30 sonten.....benteun sabaraha jam nya...? mani hoyong hiber kadinya.......waas sigana.....he he, seueur teu urang sunda diditu?
Teh...mun ka lembur nganjangnya  !!.....maol teu dibageankeun, ku ku masakan trancam sareng bandeng anu di sepan , matak ni';mat teh......di urang mah moal aya masakan kitu......sok teteh sumping mah, bade disuguhan semangi aya, sanes kasus jembatan semangi ....ieu mah leres katuangan. Kang Iyan moal di pasihan.......he he, bogan degig......
 
Baktos
teh tien

Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Syukur teh ari damangmah.sawangsulna abdi oge dina dinten ieu mah nuju sehat.
tos atuh teh.....teu kenging ngemutan bae rembetan,bilih lieur.......
keuyeh bae ,teu kenging rusuh..
didieu nuju musim panas,tapi tos dua wengi aya hujan es saegeung bola golf.
sareng angin seuer bumu anu runtuh,tapi alhamdullilah anu abdi salamet.
abdi oge duka bade milih capres,sareng wafres anu mana.
muhun sin kang iyan wae pilih....,sigana tos siap siaga hehehe.
wilejeng ngimpen anu endah teh.
 
baktos
nety
 
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdullilah teh nety, si teteh pangesto......mung, kitu wae rambeteun teh aya wae......teu beres-beres.........he he
KUmaha wartosna diditu, usum naon ayeuna..?.....didieu mah usum capres + cawapres.........
Tapi teteh janten bingung, milih sahanya teh...? milih kang iyan kitu.....he he
 
Salam
teh tien

Nety <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
katampi sae pisan teh....
kumaha damang teh tien?

-- In [EMAIL PROTECTED], teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tes.......testing, halow.....halow.......ayara...?
> bunching.......bunching..........
>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Friends.  Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke