Sababaraha minggu kapengker, kang ManAr misaur sinareng tumaros kieu :

 

Numutkeun salah sawios hadits,  kajadian lahir, hijrah sareng wafatna Kangjeng Nabi Muhammad saw teh dina dinten, tanggal, sareng bulan anu sami, nyaeta dinten Senen, tanggal 12 bulan Maulud (Raobi'ul Awal). Patarosan sim kuring pakait hal eta :

 

1. Naha tiasa eta tanggal kajadian lahir, hijrah, sareng pupusna Kangjeng Nabi Muhammad saw diparios  ku pananggalan "kalender urang" ?

2. Upama tiasa, sakantenan bae sim kuring neda galih manah salira, mugi kersa mangetangkeun atanapi marios eta tilu kajadian di luhur ku sistem kalender salira?

 

Waktos harita, ku sim kuring diwaler kieu :

 

a.       Kana patarosan dinten naon kaping 12 Robiul Awwal taun Gajah,

pamugia kersa nawakup, jisim kuring teu tiasa ngawaler.

b.      1 Muharrom 1 H = dinten ka-1 Hijriyah =

27 Juli 622 M = dinten ka-227.028 Masehi =

11 Sura 513 J = dinten ka-181.451 Jawa => dinten REBO/WAGE

c.       12 Robiul Awwal 11 H = dinten ka-3.614 Hijriyah

17 Juni 632 M = dinten ka-230.641 Masehi =

21 Mulud 523 J = dinten ka-185.064 Jawa => dinten KEMIS/PAHING

 

Emut kana patarosan anu teu ka waler tea, wengi ieu jisim kuring mikir kieu :

 

Teu tiasa dipilari soteh dina Kalender Taun Gajah, ari dina Kalender Masehi mah

Asa piraku poekeun keneh ?

Nya ku kituna, wengi ieu jisim kuring sumeja nyusul tepus geusan ngawaler patarosan

Kang ManAr perkawis dinten lahirna Kangjeng Nabi Muhammad saw.

 

1.     Yuswa Kangjeng Nabi teh panceg 63 taun (tangtos numutkeun Kalender Hijriyah), ngandung hartos = 63 x 12 x 29,530659722 dinten = 22.325 dinten.

2.      Dina Kalender Masehi, ping 17 Juni 632 teh ninggang dina dinten ka-230.641. Upami dikaitkeun sareng yuswa Kangjeng Nabi, ngandung hartos kieu :

a.      22.325 dinten teh tug dumugi ka (sampai dengan) dinten ka-230.640 Masehi.

b.      Jalaran kitu dintenan lahirna Kangjeng Nabi : dinten ka-(230.640 � 22.325) = dinten ka-208.315 Masehi.

c.      Numutkeun DPNHP (Daftar Paduan Nama Hari dan Pasaran) Masehi anu aya dina Kalender Urang, dinten ka-208.315 teh ninggang dina dinten Senin/Legi (Senen/Manis) ping 3 Mei 571 Masehi = 21 Mulud 460 Jawa (Taun HE).

3.     Dintenan lahirna Kangjeng Nabi geuning tiasa kapendak, mung bae sanes dina Kalender Hijriyah, sumawonten dina Kalender Gajah, nanging dina Kalender Masehi, nyaeta dinten SENEN/MANIS ping 3 Mei 571 Masehi.

 

Sakitu waleran susulan anu tiasa kapihatur. Bobot pangayon timbang taraju, jisim kuring sumeja nyanggakeun, khususna ka pangersa kang ManAr, umumna ka sakumna baraya kula di Lembur Babakan Kusnet.

 

Implik-implik haturan kang ManAr :

 

Mugia ulah deudeupeun, wireh lami teu aya �kontak�. Teu aya sanes jalaran katungkulkeun ku padamelan geusan ngorehan sahuap-sakopeun bae.

Dina waktos ieu, saleresna parantos salse, nanging naskah anu bade dibantun teh geuning seueur keneh lepat ketikna, atuh kapaksa ayeuna teh diedit deui.

Insya Allah saenggalna sim kuring seja nepangan.

 

Baktos,

Pun Didin


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke