agan...
berarti ari sumanto mah kenging nyebat 'JELEMA...!!!', da sok ngadahar jelema... kitu sanes?
heuheuheu;p
 
agan, kumaha daramang kulawargi?
salam baktos na we ka sadayana...
 
 
 
baktos,
yudi tea
-----Original Message-----
From: R. Duli Dimyati D. [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Sunday, June 06, 2004 10:22 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] Kiai Khos ngaharamkeun milih Mega

Cik tiasa dialitkeun polume na upami nyebat BEDULLL , bilih aya nu kasigeung utamina urang Ciamis. Ari abdi mah ageung di Bandung janten langkung sering nyebat ANJING atanapi ANZIIIIIRRR. Tapi eta teh kabiasaan awon, upami tiasa mah urang teh ulah nyebat nu kararitu, utamina mah nyebat anjing, da urang mah tara dahar anjing, leres?

 

Saur Aa Gym oge, cenah eusi / pangaweruh jelema bisa ditalingakeun tina cariosan anu kaluar tina lambeyna, ibaratna lambey teh siga teko, upami tina teko kaluar cai herang, hartosna eta teko teh eusina cai herang ku alatan asalna dieusian cai herang. Tah nu matak hanjakal pisan upami urang ( sunda ) bandung hobi nyebat anjing, padahal mah tara dahar anjing, sering na oge jengkol, peuteuy, peda, sambel tarasi, hui, sayur haseum, tempe, peuyeum, sareng seueur deui nu sanesna, naha sanes eta nu kaluar tina lambeyna upami nuju keuheul, reuwas, jrrd ?

 

 

Cag ahhh...

 

 

-----Original Message-----

 



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke