Barang Arjuna , anu dipasihan kasempetan mimiti milih , Duryodhana elekesekeng , manahna kalintang mentegegna , rarayna katingal rada sepa , ku margi hanjelu anu banget pisan . Teu kantos lami Arjuna ngandika :"Nuhun diri Kaula dibere kasempetan mimti ku Kakang Kresna , jadi ieu kasempetan teh bakal digunakeun ku Kaula . Tah pilihan Kaula mah tetap , diri pribadi Kakang Kresna , nu bakal dipilih teh , da Kaula mah datang kadieu soteh lain rek ngajak Kresna perang , tapi ngajak Kresna supaya daek ngabela Pandawa enggoning siasat perang ."
 
Bingah amarwata suta , bingahna ka giri giri , Duryodhanaaa kaaaton . Barang ngadangu eta pilihan Arjuna , kalintang Duryodhana bingah manah , tadina mah sok sieun Arjuna milih Kartamarma kalawan pasukanana nu kasohor waranian jeung tara eleh ; da ari Kresna mah keur naon , ari teu ngilu perang mah , teu guna guna . Panasehat perang mah loba di Astina oge teu kurang kurang ; ngan ieu naha Ki Arjuna eta ku bodo katotoloyoh , dibere kasempetan kahiji , lain milih Kartamarma malah milih Kresna ? Naha kitu Si Arjuna teh geus siwah ? Tapi keun we lah , rek siwah rek henteu , pokona mah aing geus meunang pasukan Meralaya anu sakitu tarangginasna ; tangtu aing dipuji ku Paman Sakuni ." Kitu gerentes manah Risang Duryodhana .
 
Kresna enggal wae matur :"Tah geuning kitu cenah , pilihan Ki Arjuna teh , kumaha pandangan Pangeran Duryodhana ?"
 
Duryodhana enggal ngawaleran :"Euh sukur atuh ari Arjuna geus nangtukeun pilihanana mah . Ngan bae Arjuna ! Naha enya sampean teh milih Kresna , ti batan pasukan nu ngarebu tur kuat ?" Duryodhana ngalelekan , negeskeun .
 
"Teu kapindo gawe , Kaula milih Kresna pribadi , masing teu perang jurit oge ; hartina tah mangga wae pasukan Meralaya mah bagean kakang ."
 
"Hahahahaahha , heueuh atuh nya , da Kaula mah ngan ukur pamilihan , sesa . Jadi nya kapaksa we Kaula narima ka na eta bagean . Tah atuh Kresna , Kaula moal panjang nyarita , sabab loba deui nu rek disaba , Kaula nganuhunkeun pisan kana kahadean andika , mere pasukan ka Kaula . Arjuna ke ku Kaula ditunggu di Medan Danalaga !"
 
Enggalna bae Duryodhana gesat gesut kaluar ti Meralaya bade nuju ka Mandura nepangan mitra Kinasih nya eta Prabu Baladewa atanapi Balarama .
 
Tunda nu nuju milampah perjalanan , kocapkeun Kresna naros ka Arjuna :" Kaipe ( Ipar ) , ku naon sababna bet milih akang pribadi , padahal pan akang mah teu milu perang , naon gunana atuh ?"
 
"Kresna , masing kalah kumaha oge , Kaula mah leuwih butuh sampean pribadi , ti batan ratusan rebu prajurit . Pikeun diri Kaula , Kresna teh teu bisa dibandingkeun jeung ratusan rebu atawa jutaan prajurit sakumaha lobana oge , lantaran kapan sampeyan pisan nu nyaho kalemahan jeung kakuatan Kaula lamun maju jurit . Jadi Kaula bakal tambah gede hate , mun aya Kresna di sagigireun Kaula ."
 
"Hahahahaha , edaaas ieu Ki Arjuna , meureun inget waktu perang ngalawan Kangsa nya ? inget sok , saha tah nu leuwih loba nelasan musuh , Kresna atawa Arjuna ?"
 
"Hahahahaha , harita Kaula ngelehan maneh , lantaran aya Sumbadra , kapan cenah tong calutak ka dulur saluhureun , nya kapaksa Kaula nurut . Mun anjeun maehan hiji musuh , kakara Kaula oge milu maehan hiji musuh . Tah nu matak , tingali engke di na Perang BHarata Yudha , di dinya Kresna bakal eleh Ku Kaula , hahahahaha . Tah ieu pentingna mah , nu matak Kaula milih Kresna teh ."
 
"Hahahahaha , kumaha Kaula bisa ngitung saha sahana nu ditelasan ku sampeyan , Arjuna ? Boa boa prajuit si utu si eta we meureun nu bakal dipaehan teh !"
 
"Pasti bakal kasakseni , lantaran Kaula minangsraya ka sampeyan teh , euweuh deui lian ti rek menta sampeyan daek teu daek kudu jadi Kusir Kaula ."
 
"Tah ari geus ngarahul teh biasa Ki Arjuna mah . Moal enya pangkat Kaula Raja , rek diturunkeun jadi Kusir ?"
 
"Tapi kusirna hiji Pahlawan Perang Pandawa , nu loba kawani teu mundur ngalawan musuh najan ngarebu , hiji kahormatan nu gede pisan . Lantaran ari di na peperangan mah , geus teu nyaho deui mana Raja , mana Ponggawa . Pokona saha nu jago , eta Pahlawan gede ."
 
"Heug atuh ari kitu mah , Kaula daek jadi Kusir kareta Arjuna nepi ka tutasna pisan . Kaula moal alang kumapalang , bakal ngusiran nepi ka tungtungna pisan ."
 
Enggalna wae dua "sobat medok" teh silih rangkul , duanan ngagukguk nangis , ku margi waas emut nuju aranom keneh ; dimana harita Ki Janaka ngudag ngudag Arayana , dipapag ku Rara Ireng nu nunjuk nunjuk ka Arjuna , nepi ka Arjuna teu walakaya , ku margi reuwas diseuseulan ku Sumbadra . Harita Arjuna teh kapentang asmara ku Sumbadra ( Rara Ireng ) , nepi ka pasrah serah bongkokan diborogod ku Sumbadra .
 
Hanca ,
 
Abbas Amien    


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke