|
Hanjakal pisan eta tulisan teh lain tulisan ilmiah,
sigana ngan tulisan propaganda ... Dina eta tulisan loba pisan anu disebut
"stigma" tea, anu teu bisa dikategorikeun jeung disebut kana tulisan ilmiah
...
Sigana deui bae, eta penulis teh loba teuing nonton
sinetron Indonesia, ngadongengkeun pembantu anu nangtung, lulumpatan mun majikan
datang, persis siga dina sinetron. Pedah meureun sinetron atawa film teh
diangkat tina kahirupan sapopoe, nu ahirna kabayang ku nu nulis artikel, siga
kitu gawe pembantu di indonesia, wallahu alam ...
Naon anu ditulis teh teu leuwih ti excuse, nu nulis
sigana kurang sadar yen persentuhan dua budaya atawa leuwih pasti bakal aya
konflik, internal atawa eksternal, saperti persentuhan budaya jeung masyarakat
sacara langsung, pamaksaan hukum ti hiji budaya ka budaya sejen jeung
perpindahan individu ti hiji budaya ka budaya sejen. Ieu anu ceuk beja ditulis
dina novelna MJ, karek ceuk beja da rumasa can pernah maca ...
Ari disebut urang sunda penggoda mah sigana mah
salah manehna sorangan, naha bet naksir ka urang sunda, siga anu kaalaman ku
kuring salila di dieu ditaksir ku siti, sanaos sanes siti nurhaliza, siti nu
sanesna, ngan nu pasti mah sanes siti son ... he ... he ....
Wassalam,
BS
oritate permai
|
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan PRT rian jakasurya
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan PRT Icho
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan PRT durahman
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan PRT Icho
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan P... teh tien
- Re: [UrangSunda] artikel di malaya ngena... Nety Martin
- RE: [UrangSunda] artikel di malaya ... Budhi Setiawan
- RE: [UrangSunda] artikel di malaya ngenaan PRT Hendri Mulyana

