saleresna mun noong kendi mah, eh, mun rada berag rada jero neuleuman patarosan eta, 
kedah lumpat kana patalina eta patarosan  jeung hal hil nu aya di lingkunganana 
(konteks).

sigana konsteks nu ku AG diucapkeun, tangtuna aya dina wadah manehna salaku tangtara 
atawa urut tangtara nu merah putih binti nasionalis. nu lumpatna kana konteks bangsa 
kebangsaan. 

urang mana? dina konteks budaya, urang midua. urang sunda teh etnisitas nu oge meureun 
harcore-na (jatina-intisarina). sacara kabangsaan, nya urang indonesia. ieu politik 
nasionalisme nu memang sukses rada nyingkirkeun lokalitas binti etnisitas ti jaman BK 
keneh, dina raraga persatuan dan kesatuan tea.

Soal Agum pieleheun, meureun eta mah itung2an tau diri numutkeun polling jeung 
popularitas. Ari si kuring mah noongna ti jurusan, sakitu ge daekeun diajak Hamzah 
Haz. da mun noong kasang tukang manehna nu kopassus, komando pasukan susah terus, asa 
rek jadi menteri deui, sing saha presidena oge. kahiji, politis ka militer, ka dua, 
nya jang 'nyekel' urang sunda. siga Mang Ihin baheula, dicekel ku HMS dina 
setdalopbang beres jadi gubernur jabar.

nya kudu beunta we soal2 jurus persatuan kesatuan nu salah salimana, ngarangkul 
'jagoan' ti hiji seler. Yen AG lain tokoh atawa pamingpin Sunda. na aya kitu pamingpin 
Sunda? mun Yogya mah aya, rajana. apan US mah geus ngaraku, pareumeun obor...da ongkoh 
ceuk kang Acil mah, obor na oge teu boga...






Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke