Dupi kang Osam kamananya? mani ngampleng teu aya ngelol ka
lembur.....
Milis nu kaasup loba postingan di na waktu ieu
, nya eta : apakabar , Wanita Muslimah , Padhangmbulan , Proletar
.
Lamun lamun ditilik , dibandingkeun jeung
KUSNET mah , eta kabeh oge ELEH euy , di na perkara postingan mah
.
Tah di Proletar , nu kaasup LOBA kacida
dipantangna ngirim attachment teh ; tah atuh urang mah ulah ANTI ANTI teuing
; ngan wae ka Para KUNCEN :
Upami tiasa , Attachment nu kirang peryogi mah
, nu kirang pakuat pakaitna sareng KASUNDAAN , cing disortir we atuh , ulah
si na ditampi ku anggota . Upami tiasa nu kieu mah langsung wae ka Data Base
US ; engke upami leres aya nu peryogi , panginteun anjeunna nyalira nu bade
muka . Atuh da , ngaganggu pisan ku ayana attachment teh . Teu acan pulsana
, teu acan upami HANG sste .
Cobi para Kuncen manahan di na perkawis ieu ,
nun . Sim kuring leres leres nyuhunkeun ka na perhatosanana .
Baktosna pun :
Abbas Amien
Tumbilaloka
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id