Ari ceuk sayah mah (eh nurutan nya, he he he) kieu eta
teh, budak ngora nu teu pati ngarti urusan pulitik teh
aya kahayang, nyaeta hayang rada ngarti urusan
pulitik. Aya bedana antara "budak ngora nu teu pati
ngarti urusan pulitik" jeung "budak ngora nu hayang
rada ngarti urusan pulitik" teh. Ari "teu pati ngarti"
mah hartina hiji terminal, hiji kaayaan, jadi sipatna
teh statis - jalan di tempat, sumuhun dawuh, kumaha nu
dibendo. Sedengkeun ari "hayang rada ngarti" mah
mangrupakeun hiji proses, hiji perobahan, jadi sifatna
dinamis - aya kahayang, aya impian, aya cita-cita -
teu kaalaman ku urang sugan ku anak-incu.

Paguneman capres antara "sipil vs militer" jeung "US
vs non-US" teh keur kuring mah hiji media, media keur
diajar mikir barudak ngora. Media keur diajar diskusi
nepikeun pamikiran, pamadegan masing-masing. Ngarah
teu gingiapeun ku pulitik, majar pulitik mah kotor
tea, pulitik mah keji tea. Ngarah biasa nulis ku basa
sunda. Atuh sugan we ari geus biasa nulis mah, geus
biasa diskusi mah, inohong urang jiga "Si Jalak
Harupat" teh bakal aya nu neruskeun.

Jadi kasimpulanna naon bae jejerna, pek we
adu-renyomkeun, paguntrengkeun. Sapanjang paguntrengan
teh logis. Mudah-mudahan we aya manfaatna.

MH

--- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari ceuk sayah mah budak ngora nu teu pati ngarti
> urusan pulitik, milih Agum Gumelar teh hiji
> kawajiban salaku urang sunda.
> Naon sababna...sabab geus sababaraha kali Indonesia
> dipimpin ku ( punten ) urang non sunda geuning kieu
> buktina kabudayaan urang sunda ayeuna. Siga nu
> pareumeun obor, teu boga wibawa jeung teu
> dipikaheman sanajan ku urang sundana sorangan,
> barudak nu lahir di tatar sunda teu barisa nyarita
> sunda nu bener ( kuring kaasup contona ), kabudayaan
> jeung adat sunda geus mimiti ditaringgalkeun di
> ruang museum jeung buku sajarah.
> Iraha urang sunda bisa nyuhun kasundaanana atuh.
> Sugan jeung sugan ayeuna ninggang wancina
>
> Cag



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke