Saparantos maca seratan akang "Kujang Dua Pangadekna", katingalna aya kalimat anu ngaganggu nyaeta dina alinea Ulah pupulur memeh mantun, dina kalimat "Kapan ruksakna nagara urang ayeuna oge lantaran loba teuing jelema anu ngaheulakeun kawajiban batan hak", ieu kalimat teh tojaiah sareng kalimat sateuacana ".....ulah sok ngaheulakeun hak memeh kawajiban."
Rupina akang lepat nyerat tangtos maksadna mah   "Kapan ruksakna nagara urang ayeuna oge lantaran loba teuing jelema anu ngaheulakeun hak batan kawajiban"
Naha leres kitu..?
Kalih ti eta upami teu kaabotan mugi langkung dibejer beaskeun deui hartos "Someah hade ka semah.." tangtos saparantos nilik kana kaayaan di Tatar Sunda ayeuna hususna di Bandung.
 
Hatur nuhun.
 
MSasmita 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke