sapuk lah...
keun sugan teu jadi presiden ayeuna, nya presiden lima taun kahareup atuh...
saatos inohong-inohong sunda sadar yen emang urang sunda mah pasolengkrah...
sadar yen ka jero - karahayat sunda na kudu ngakar heula, kahirupan masyarakat kudu bisa dironjatkeun babarengan ku sakabeh US...
 
 
^_^
 
 
----- Original Message -----
Subject: [UrangSunda] Istrenkeun Agum Jadi Inohong Kusnet

Kieu wae atuh, kuring boga usul.
Kusabab capres jeung cawapres mah urusan rahayat sa
nusantara, kumaha lamun AG urang daulat jadi inohong
KUSNET, rek jadi Cawapres atawa heunteu.
alesanana:
1. Jelas AG urang sunda tur leber dina hal pangalaman
sagala widang, nya tentara, birokrat, olah raga.

2.Aya perhatian kana kasundaan jeung masalah urang
Sunda, sok sanajan perhatianana kaluar kusabab rek
jadi Wapres.

3. AG mantan pupuhu jeung alumni Lemhanas "terbaik".
Urang cokot pangalamanana supaya, ngarumuskeun
strategi migeuykeun (memberdayakan) Urang Sunda, anu
jadi udagan jeung program PERCEKA.

4. AG pasti kenal KUSNET, sabab geus dibere buku 4S.

Kumaha tah, ceuk para wargi sadaya?


mrachmatrawyani


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke