Muhun
wa.. PSK di Pancoran mah langganan abdi, ieu oge nuju mincuk we dibekel ka
ruangan... iru sangu koneng di purulukan goreng bawang teras sambelna sambel
oncom, aya abon sapi.. ngangge lalabna surawung sareng bonteng.. duh nikmat wa
ieu nuju sarapan sangu koneng...
Wilujeng enjing oge cep Tatan....
PSK eta mah paranti sarapan cep Tatan atuh .....
di si Uwa mah ukur bati ceceglukan..nereuyan ciduh.......
Sangu koneng pleus dadar endog purulukan abon sapi, wuahhhhhhh
kukurubukan yeuh !!!!
Pihatur
SSW
Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Wa
sidik.. wilujeng enjing...
wa
di Pancoran oge PSK parantos seueur anu ngadeg, nanging bukana teh enjing
enjing...
biasa wa Pedagang Sangu
Koneng.....he..he..he..
Wilujeng enjing kang ....!!!, ngagumbirakeun eta wartos perkawis PSK
Mayak, kukituna kapayun asa langkung afdol upami YP ngutamikeun ngabuka
PSK dikota-kota kacamatan/desa pasisian !!!.
Mangga kapayuna dirarancang deui, kanggo ngabuka PSK sanesna, upami
tiasa mah ditargetkeun dina lebet sataun, YP tiasa ngabuka dua
atanapi tilu PSK.
Bray..bray....!! sinar YP/KUSNET gumebyar lir alam sinangling,
ngagebray kapadesaan ngagebur kalembur-lembur !!!!.
Mangga lajengkeun !!
Pihatur
SSW
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
PSK (Pabukon Simpay Katresna) di Mayak, tos
dibuka aya kana sapuluh dintena, saur Aa Dedy nu janten sohibul bet
Alhamdulillah rame ku barudak, dinten dibukana aya 17 jalmi anu jul jol
boh sepuh boh barudak, saterasna murudul, malih kantos dinten dugi
ka 60an jalmi.
Aa Dedy ngahaturkeun nuhun ka YP/KUSNET anu tos
maparinan jalan kanggo muka pabukon, saurna ningal barudak maca matak
resep mani reang siga nu ngaderes di Masjid, seueur barudak SD anu
naroskeun buku pelajaran.
Supados buku pelajaran SD ulah gaplah, sohibul
bet bade naroskeun heula ka guru SD buku terbitan mana anu dianggo di SD
Mayak.
Bilih baraya aya nu bade kontak ka PSK Mayak
ieu nomer teleponna : 0263-335581.
MSasmita
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links