Maos seratan ti ua Sas kamari, anu ngawartakeun yen pabukon anu di Mayak teh seueur pisan anu ngadongkapan, barudak nepikeun ka nguplek pada maca, pun kitu oge anu sepuh sami.. Ehm mangkin reueus wae kuring mah, YP tos ngabuktikeun maneh gaduh niat sareng usaha kangge minterkeun generasi penerus.. Sim kuring nembe tiasa ngiring reueus wungkul.. anu sanesnamah teu acan tiasa..
mugia wae sing mangkin nanjeur yeuh.. Kamari sim kuring kantos naros ka pun raka nu kantos ngajar di Ciodeng Cililin. " Teh kumaha ayeuna kegiatan belajar mengajar di Ciodeng?" duka cenah da tara kaitu deui.. mung nu pasti mah taun '93 ( enya kitu taun sakitu? ) teh tos aya anu lulus tamat sakola SD. emut kapungkur, raka kuring teh ngawitan ngawulang di SD Ciodeng teh taun 84-85an, mun teu lepat mah da kuring teh pas kelas 5 SD.. teu acan aya pisan guru anu kersa ngajar.. aya oge kantos sababaraha teu kariateun da tebih kaitu kadieu, sareng cenah mah geueuman.. seueur anu mulang deui alimeun ngajar didinya.. janten kantun Kepala Sekolah na wae didinya teh. Taun 87/88, kuring kelas 1 SMP, amengan kaitu libur Semester, ari pekteh salila liburan diditu teh ngadon kabagean ngajar. kuring keur baheula teh kabagean ngawas kelas 2, kep Sek di kelas hiji, teras pun raka teh di kelas tilu. ehm.. aya kukarunya eung,, da ari dina umurmah aya anu saumur oge saluhureun kuring, tapi bakat ku tanaga pengajarna kurang pisan atuh mandeg. pun raka mulai ngalih deui ka Bandung teh saatosna murid muridna aya dugikeun ka kelas 6.. nembe anjeuna ngalih ka Bandung.. ahhh... Ciodeng.. kenanganna seueur oge didinya teh. cag ahhh,,, jadi ngacaprak teu puguh,,, -----Original Message----- From: kang_boim [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, June 10, 2004 10:26 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] Re: Pabukon di Mayak (Ua Sas) Haturan Ua Sas..., damang...? Alhamdulillah...bagja jeung reueus lah, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo warga bin baraya anu aya di Mayak. Ua Sas ieu disim abdi tos aya buku ngenaan tatanen (pertanian) sok sanaos mung sakedik sareng terbitan heubeul sareng buku nu sanesna (buku pelajaran SD + majalah). Mung punten teu acan sempet dikintun ka MJ atanapi ka Ua, insya Allah pami teu aya wagelan bade saenggalna dikintunkeun sareng mudah-mudahan tos aya tambihna ti rerencangan anu di UNWIM (Fak. Pertanian). Cag...ah, hatur nuhun. BM'69 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

