Demam AFI Jeung Konser Karya Mang Koko

 

Munggaran nonton AFI, kuring keur di Yogya, harita teh Lastmi keuna eliminasi. Ti saprak harita kuring katarajang demam AFI. Lain ngan ukur resep nonton barudak ngahaleuang, tapi resep oge ngabandungan komentar para seniman   mintonkeun pangaweruhna soal ngahaleuang jeung ngahariring. Penonton nu tadina teu terang nanaon soal olah vokal kaasup sim kuring, alhamdulillah jadi terang sasieureun sabeunyeureun. Sumuhun kapan teu sadaya diparengkeun ngiringan kursus vokal di Elfa Music Studio atawa di Purwacaraka sanes? Kajeun Kang Elfa urang Garut, Kang Purwa urang Bandung, kapan teu kabeh urang Sunda aya kahayang jeung kasempetan pikeun meunang pangaweruh ti aranjeuna. Kitu deui teu kabeh urang Sunda diparengkeun tiasa guguru ka Pak Nano, Mang Koko, Pak Riskonda pikeun neuleuman kawih Sunda. Nu tiasa ngamprokeun silaturahmi tes geuning sanes ngan ukur pedah batur salembur, sadulur,  tapi aya tambihna nyaeta minat (interest) tea.

 

Hayang teuing nguping sora nu halimpu kana kalbu, nu tiis kana cepil, nu waas kana soca, seger na emutan, jeung sarupaning nu ........ refreshing cenah lah. Atuh basa maos bewara na galura maret yen bakal aya konser kawih Mang Koko sasih Juni, kalender langsung dicirian. Tgl 5 Juni dibuleudan. Kuring kudu datang, bade jam sabaraha oge mentasna, bade sabaraha oge karcisna, da meureun moal sabulaneun gaji, piraku we ..... ceuk pikir teh. 

 

Basa pasanggiri tembang sunda di Purwakarta mani hayang berebet we lumpat nonton, atawa basa pagelaran tembang sunda di Ged.Miss Tjitjih 14 Mei kaliwat geus rek lumpat bae ka Jakarta. Aeehhh ketang lelembutan can ngizinan. Sabar heula neng, PR rengsekeun heula.... kitu cenah

Malem Minggu kamari  ping 5 Juni kuring sakulawarga (pun biang, pun Bapak, Ceuceu) diparengkeun tiasa nonton pagelaran kawih Mang Koko di Horison Bandung. Merean ayeuna mah hate teh da PR kuring geus disetorkeun ka Bapak/Ibu Guru hehehe etang etang hadiah.  Sababaraha kawih nu digelar, kuring geus kungsi nguping ti zaman keur SD, kapungkur  pun Bapak sok nyetel kasetna. Janten wengi harita teh nyaan asa......, komo deui nu ngahaleuangna petingan wungkul, Bu Ida, Pak Onda, dkk. Sacara teknik vokal, aranjeuna lalihey lah ..... rupina moal eleh ku Whitney Houston atawa Norah Jones, atawa James Ingram oge panginten nya.

 

Leres ceuk Tri Utami, yen dina nyanyi teh aya komunikasi, apresiasi, dinamika, naklukeun nada luhur, aya soft voice, interlude, kontrol emosi. Mun nu ngahaleuang geus tiasa kitu, sakur nu ngadangu tangtos ...... ngeclak cisoca atawa merinding ceuk Nola AB Three mah basa ngomentaran Tia nyanyi.

Bray balebat pangharepan ........... kamana atuh panutan ........... Munggaran kuring mah nguping sora Bu Ida langsung, biasana dina kaset bae. Nyaan nineung pisan nguping sora kacapi jeung gamelan teh.  Kawih reumis beureum dina eurih kungsi diaranser tur dipintonkeun ku barudak IKIP Juli 2003 payuneun para peserta International Seminar Comparative Education in Asia, wah urang bule oge ..... gogodeg. Atanapi nguping kawih ..... Bungur ..... jalan ka Cianjur .... geus deukeut ka Padjadjaran ceuk galindeng Cianjuran .......

 

Wilujeng tur hatur nuhun ka Yayasan Cangkurileung, diantos pagelaran salajengna, cenah mah ka payun bade sataun sakali. Mugia tinekanan.

 

Nu sono nguping gamelan sareng kacapi 

Ely Djulia


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke