Di Harapan Kita
Di Harapan Kita
Urang kungsi ngumbara
dua rebu hiji dua rebu tilu
ngendong di pasantren jiwa
kemah di leuweung patandang raga
mintonkeun sabar ikhlas
mayunan hiji pangersa
Di Harapan Kita
Ti luhur gedung hejo
lantai tilu, lantai tujuh
Ningal reup bray lampu
Marengan hese tunduhna soca
Di Harapan Kita
Atawa manusa gagal nampi titipan-Na
Marengan nyawa panganggeusan
ti alam fana ngalih ka alam baqa
Di Harapan Kita
Pangersa ebreh payuneun sasaha
Hirup keur nu damang jantungna
Pati keur nu pasrah renghapna
Asih keur nu sabar na cocoba
Elmu keur nu ngotektak eusining raga
Mukjizat keur nu teu weleh ngadua
pituduh keur nu ikhtiar salilana
Dokter pinilih
Pasien pinilih
Suster pinilih
Di Harapan Kita
Bulak balik maca na kareta
Mendak basa anu beda
Ceuk manusa, ceuk Anjeun-Na
Subhanallooh �
Alhamdulillah �.
Allohu Akbar �.
(Ely Djulia, Juni 2004)
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

