Sok lah diantos pisan kasumpingannana, ulah hilap baju renangna.
Batos,
lurah cimalati
Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hendri Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Bah Willy,
Cimalati teh kaulinan abdi keur budak. Kapungkur pun bapa dines di kacamatan
cicurug rada lami, aya kana lima belas taunna. Didinya teh aya tempat ngojay
nu caina ngagolontor kuanjeun saageung cangkeng munding reuneuh babareuhan
ceuk nu rahul mah. Teu jiga balong ngojay di kota nu bau kaporit, di dinya
mah estuning seger tiis matak nyorodcod. Duka ayeuna mah, masih saseger
kapungkur atanapi henteu.
Cimalati teh mayun pisan ka gunung salak, yaktos pamandanganana endah
kabina-bina. Sabudeureunana seueur nu tatanen, nyawah sareng melak lauk.
Hanjakal kabehdieunakeun heurin ku pabriks, utamina pabriks cai herang. Aya
aqua, aya moya barid, aya ades, aya duka teuing nanahaon deui merekna teh.
Hanjakalna teh muhun sering macet di cicurugna. Keun upami cios mah ku abdi
diajak munter-munter jalan alternatip bari mapay-mapay kebon enteh pasti
matak betah di jalan sok sanaos janten rada tebih.
Keun nu sanes sina kabitaeun ngarah tiasa ngiring hadir dina waktosna.
baktos
hendri
incu Abah anu bangor
-----Original Message-----
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, June 10, 2004 1:57 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Re: Silaturahmi KUSNET di Cimalati Sukabumi
Asyiik euy, mani atoh yeuh rek ka Cimalati, rumasa teu acan kantos
kadinya, sanajan pamajikan urang Cibadak oge. Ngan nu dipikahoream
teh macetna, tong boro libur panjang, dalah poe saptu/minggu biasa
wae oge macet. Tapi teu nanaon da pasti resep papendak sareng baraya
sadayana.
Hanjakal lami keneh ........
-BahWilly-
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

