>Mudah-mudahan hal ieu dijadikeun bahan ngeunteung >pikeun urang sadaya. Tiasa katingali, hesena jadi pamingpin. Nembe mingpin >Kusnet wae ku ayana saurang sapertos Bah Abas Amin anu >disebatkeun vokalis, para kuncen tos ngaraos lieur + >paciweuhna, panginten komo upami mingpin bangsa.
kang Jaka, timana mendakan katerangan yen kuncen sami sareng pamingpin? haha. kang Jaka, eta masihan babandingan teh mani tebih pisan. jadi kuncen kusnet sareng pamingpin nagara. beu..edas. kamana mendi kitu. vokalis naon? hese mah henteu. gampang da aya carana. salaku kuncen si kuring gaduh otoritas sanajan teu siga nu gaduhna (owner) milis. jadi pamingpin nagara mah abdi oge daek, hese oge aya menteri aya dirjen aya gubernur bupati camat lurah. ongkoh digajih, fasilitas super edun, sekertarisna oge sarombongan, paspampres, istana presiden/negara dimana-mana, di bali oge aya. jadi lambang nagara, dikawal kamamana. nu ngahina dipanjara. haha. janten kuncen kusnet mah estuning sukarela. pedah micinta sunda jeung kasundaan. >Tapi naha nya urang biasana ngan saukur bisa nyalahkeun + >ngagogoreng bari jeung teu bisa mere jalan kaluarna. jalan kaluar mah aya, panto. aos geura seratan nu sanes. supados jentre masalahna. saena upami teu teu terang di awalna mah, teu kedah ulubiung ngiring ngiruhan kang. jempe we, ngadepong siga nu sanes. >Ayeuna na mah ka para kuncen + Bah Abas Amin, mangga >kenging benten pamadegan ngan omat ulah nyatru teu >puguh. ieu mah sanes benten pamadegan. haha.... tapi goreng sangka sangku ceulian. teu apal kumaha-mahana sistem di yahoogroups.com (nu sanes kenging nyeting kuncen, tapi ku urang amrik nu gaduhna). teu terang oge? kieu: 1. ayeuna milis di yahoogroups.com, nu mana bae, saalam dunya, upami aya nu ngintun attachment, yahoogroups.com moal nyimpen attacmen dina file yahoogroups.com 2. baraya nu e-mailna daily digest atanapi no-mail, moal tiasa noong attachment 3. nu tiasa noong attacment mah nu e-mailna mode individual. bah amin langsung ngambek (ngangge kalimat , "lebok ku sia Abas....jst, goreng sangka ka batur nu ngirim attachment) pedah pas ngangge mode individual, aya attachment. bah amin sigana ngangge telkomnet instant. ongkoh teu aya atachment oge, milis KUSnet mah sok murudul seueur. catetan: perkawis jejer Kuncen riweuh, atawa subjek: Rungsing, tos dugi ka dieu. teu aya gunana diteraskeun. kuncen #3 Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

