Haturan oge Kang Didin. Naon anu diserat ku sim kuring
teu kedah ngaganggu kana pedaran salira. Bade medar
mah mangga we lajengkeun sing daria. Kuring mah
ngomentaran soteh dina lebah 'common-sense' hungkul,
da puguh kuring lain ahli sastra, lain ahli sajarah,
lain ahli naon-naon.
Rimbilna basa sunda ku basa arab, keur kuring mah can
cukup keur narik kasimpulan yen Islam teh nepi ka
tatar sunda bareng jeung turunna wahyu ka Rosulullah.
Da lain basa sunda hungkul anu rimbil ku basa arab
mah. Malah basa urang bule oge rimbil pisan ku basa
arab dina palebah pangaweruh mah. Contona wae
'aljabar', 'algotitma', jeung nu lainna apan meles oge
dina basa arab. Naha ieu oge rek disimpulkeun Islam
geus nepi urang kulon sabab make 'kun fayakun' tea?
Lamun sagala rupa make 'kun fayakun' keur naon atuh
tugasna rosul teh, keur naon atuh tugasna juru dawah
teh. Jigana teu perlu ieuh da geus di-'sms'-keun ka
sahawae jeung dimana wae ayana. Keur kuring mah 'kun
fayakun' teh ngan dipake dina kaayaan atawa kajadian
anu hese dijelaskeunana ku akal budi manusa. Contona
wae konsep nyiptakeun ieu alam jeung hukum-hukumna;
konsep Adam salaku manusa salaku cikal bakal manusa
anu pang awalna. Keur nu jiga kieu mah apan hese
dihontalna ku akal-budi manusa. Nya dijelaskeun ku
'kun-fayakun' tea.
Perkara lain mah anu kahontal ku akal, atuh perlu
dijelaskeun ku logika akal budi manusa. Sabab aya
katerangan, ayat munggaran teh geuning nitah 'maca'
lain nitah nu lain. Katerangan lain oge malah
nerangkeun, yen manusa sorangan anu kudu ngarobah
nasibna teh.
Wallahualam.
MH
--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan : MH
>
> Logika salira anu kalintang rasionalna, karaos
> �ngelingan� sim kuring supados langkung ati-ati dina
> nulis. Nanging saleresna mah teu aya pagedrugna,
> kapan sanes mung saukur aya mediana, tapi malih
> langkung ti kitu, buktosna basa Sunda janten rimbil
> ku basa Arab. Dina leresan eta, manawi MH langkung
> uninga naon margina dugi ka kitu, sareng ti iraha
> ngawitanana. Kalintang saena upami diguar bae.
>
> Perkawis Si Kabayan, kanggo sakadar gambaran
> bawiraos tiasa diparios dina buku anu judulna :
>
> PANDANGAN HIDUP ORANG SUNDA SEPERTI TERCERMIN
>
> DALAM TRADISI LISAN DAN SASTRA SUNDA
>
> anu diserat ku rombongan :
>
> Prof. Dr. SUWARNI WARNAEN
> DODONG DJIWAPRADJA, S.H.
> Drs. H. WAHYU WIBISANA
> Drs. KUSNAKA ADIMIHARDJA, M.A.
> Dra. NINA HERLINA SUKMANA
> Dra. OTTIH ROSTOYATI
>
> Terbitan :
>
> DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
> DIREKTORAT JENDERAL KEBUDAYAAN
> BAGIAN PROYEK PENELITIAN DAN PENGKAJIAN KEBUDAYAAN
> SUNDA
>
> Bandung : 1987
>
> Cobi parios : kaca 62 d/k 92.
>
> Rupina urang cekapkeun sakitu heula, diantos
> �tegoran� anu sanesna.
>
> Hatur nuhun.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/