|
hatur nuhun Kang Hasan (garut)...
mangga ka nu sanesna, bilih bade nganjang ka
goah-na KUSNET...
nu bade nyandak file mangga, nu bade nyimpen file
oge mangga...
tiap dinten senen, isi goah ku si kuring bade
dibersihan...
^_^
----- Original Message -----
Subject: [UrangSunda] MP3 Jaipongan
(Detty Kurnia)
Keur nu nineung ka lembur, mangga ieu aya oleh-oleh MP3
Jaipongan Teh Detty Kurnia. Ku kuring diselakpeun di
dieu:
http://groups.yahoo.com/group/SundaUrang/
Ngan
pesen kuring keur Kang Hasan, lamun ieu koropak rek dijadikeun goah Kusnet,
atuh kudu diriksa sacara reguler. Misalna, lamun aya files naon wae
anu diselapkeun di dieu, bewarakeun ka urang lembur, bisi aya anu
perlueun. Eta file-file teh tong sina nyirekem terus dina sayang, sabab
sayangna teh pan RSS (Rohangan Sarwa Sederhana). Jadi bere waktu
misalna saminggu, terus palidkeun, sangkan koropak bisa dieusian deui ku
nu lian.
Keur munggaran ieu daftar lagu nu tos
dikintunkeun:
Bajing Luncat Coyor Manor Itsuli No
Komoriuta Oray Welang Percaya Pras Pris Serat Ti
Anjeun Sulanjana Warung Pojok
Salam MH
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|