Di milist ieu oge di kisunda kungsi dipadungdengkeun, kunaon eta 
ayat miwarang nikah teh dikawitan ku dua, tilu, sareng saterusna? 
Kunaon heunteu ngawitan ti hiji heula memeh dua? Jawaban atawa 
diskusikeuneun waktu harita kana eta patarosan kirang langkung kieu:
Atuda ari jalmi nikah ka hiji istri mah eta mah fitrah, tos kitu 
lumrahna, teu dititah oge geus umum dilakonan ku sabagian gede pisan 
manusa.

Dina lebah katerangan di luhur, aya anekdot di kalangan urang, yen 
ari nikah kahiji istri mah disebutna biasa, nikah ka duaan 
disebutna: kawin; lamun boga pamajikan 3 nyandung. Kumaha lamun  
boga pamajikan opat? Naon pisebutanna? Tah eta anu disebut ... 
ngawayuh tea.

Tina ayat ngeunaan nyandung di luhur walhasil aya sababarah 
kacindekan, upamana bae:
1) Ayat ngeunaan nyandung teh lain samanea, tapi parentah anu 
ngandung tujuan mulya;
2) Naon tujuan nyandung? urang coba rarampa:

i) numutkeut ayat eta (wungkul): pikeun lumaku adil ka pamajikan, 
jembarna: latihan laku lampah adil. Nyandung teh sakola keur 
ngalahirkeun pamimpin anu adil di masyarakat, di mimitian laku 
lampah adil di kulawarga;
ii) numutkeun ayat-ayat samemehna jeung "asbabun nuzul"-na eta ayat, 
parentah nyandung teh tujuana pikeun ngurusanan anak yatim, ngarah 
teu katalangsara, utamana budak yatim anu dikantun bapana kusabab 
kasorang di peperangan ngadegkeun bebeneran (syahid tea);

3) Kumaha atuh? Leuwih utama nyandung atawa boga pamajikan hiji bae? 
Eta mah gumantung tujuan jeung prak-prakanna. Upama tujuan nyandung 
teh keur mulsara budak yatim jeung bisa adil, nya leuwih utama 
nyandung. Tapi, ari ukur keur sukan-sukan mah asana leuwih utama 
hiji bae boga pamajikan teh. Matahaolangna eusi parentah nyandung: 
kudu daek (hartina parentah) miara budak yatim.

Cag heula, rumasa teu bisa ngaguar pangalaman nyandung da can 
ngasaan nyandung.

Baktos,
manAR

 
--- In [EMAIL PROTECTED], "Kenzi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Maka nikahilah wanita wanita(lain) yang kamu senangi dua, tiga 
atau empat. Kemudian jika kamu takut tidak akan dapat berlaku adil, 
maka (nikahilah) seorang saja.
> 
> tah panginten para khalifah nu opat teh maca anu terahirna kang 
MH, wallahualam...
> sami siga kuring... alim nyandung da sieun teu bisa "adil" tea,
> 
> Panzi
> Palay tiasa janten jalmi nu adil, matakna janten simpatisan Partai 
Keadilan Sejahtera,
> heuheuheu... teu nyambung nya...??
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: mh 
>   To: [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Tuesday, June 15, 2004 2:23 PM
>   Subject: Re: [UrangSunda] Ribut di Kanoman Cirebon--poligami
> 
> 
>   Sabenerna Kakang Panzi (he he he jiga Batara Narada
>   wae nya) anu ditepikeun ku kuring mah, lain aya teu
>   ayana istri nu daek dicandung, oge lain aya teu ayana
>   lalaki nyandung nu adil, tapi mana anu kudu
>   diprioritaskeun 'nyandungna' atawa 'adilna'? Lamun
>   enya 'nyandungna' anu kudu diprioritaskeun, asa can
>   maca atawa nguping khalifah anu opat nyandung. Pana
>   khalifah anu opat teh manusa pilihan anu kaasuh ku
>   Rosululloh nyalira, naha teu kabejakeun nyandung.
>   Piraku rek suudzon mah, para sahabat teh nyandungna
>   susulumputan.
> 
>   Wallahualam.
>   MH



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke