hatur nuhun bah wily kana infona, henteu ngacapruk.. puguh kuayana seratan salah sawiosna ti bah Wily janten apal yen Babi oge di haramkeun sanes ku Islam wae tapi ku Yahudi oge sami
Naha Bah ongkoh haram nya babi teh..ari pak haji ngurus anakna ....(ulah ngambek nya. tambih tunduh... he..he..he..)
 
-----Original Message-----
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 16, 2004 11:03 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Re: Hikmah ngaharamkeun babi.

Babi haram kanggo urang Islam, jelas henteu tiasa ditawar-tawar
deui. Ngan upami haramna ieu "diilmiah-ilmiahkeun", jadina henteu
nyambung. Sato inguan nu jadi vektor (pembawa penyakit) keur manusa
sanes babi wae tapi sato nu sejen oge sami mawon. Sapi, embe jeung
hayam oge lamun teu lepat mah nyandak panyakit keur manusa.

Babi diharamkeun sanes wae ku agama Islam tapi oge ku Yudaisme
(agama Yahudi). Gurun pasir sanes habibat babi anu peryogi cai anu
seueur. Hal ieu ngandung hartos babi, ti kapungkur keneh oge, ti
zaman pra Islam, henteu aya di daerah Arab (bade piaraan atawa babi
liar/bagong). Urang Arab sareng urang Yahudi katingalina mah terang
babi teh ukur aranna wungkul (al khinzir dina basa Arab) ti Bangsa
Romawi anu memang resep miara jeung ngadahar babi.

Soal kadaharan, upami urang (Islam) mah nyebat teh "Halal Food" tapi
ari urang Yahudi mah nyebatna teh "Kosher Food". Jenis
kadaharan "Kosher Food" hampir sami jeung "Halal Food" ngan rada
benten teh dina kadaharan ti laut. "Kosher Food" mah ngan
ngameunangkeun ngadahar lauk, teu meunang ngadahar sato laut nu
salian ti lauk saperti : Kerang, cumi-cumi, kepting jrrrd.

tos ah.......ngacaprux deui!

-BahWilly-




--- In [EMAIL PROTECTED], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Ieu aya wartos ti rerencangan perkawis hikmah
> ngaramkeun babi, punten teu disundakeun heula, manawi
> tiasa nambihan informasi ka prawargi sadaya.
>
> Wassalam
> Jaka




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke