Para wargi sadaya,

Asa mindeng dina ieu milist aya anu ngusulkeun 3 ajen inajen 
kasundaan, ceuk cenah, pikeun eusining visi-misi tug dugi ka program 
pamarentahan. Anu 3 teh karakter: JUJUR, PINTER jeung WANI. 
Lakadalah, geuning aya capres  jeung cawapres anu migunakeun eta 
ajen inajen/karakter kapamimpinan dina wangun slogan kampanyena. 
Heunteu ari nyeples pisan mah, ngan eusina mah sarua bae, nyaeta: 
JUJUR, CERDAS dan BERANI. 

Is, ulah GR heula, sabab bisa bae batur oge boga anu kitu. Enya 
masing saha bae oge bisa nepi ka eta slogan anu tilu teh. Ngan, boa-
boa matak mincut warga Kusnet eta Capres & Cawapres teh? Ah keun 
bae, apan LUBER tea, jeung hakna dipilih jeung milih mah. Pamugi bae 
leres dina prak-prakanna-engke lamun kapilih-kitu: JUJUR, CERAS 
jeung WANI.

Aya deui Capres & Cawapres anu slogan na teh "PERCAYA DAN MAJU, 
MAKMUR IDONESIAKU". Lamun dibedah mah slogan anu ieu oge da moal 
pati beda jeung JUJUR, CERDAS, dan BERANI. Geura bae, basa 
ngaluuuhan pajemuhan hiji rarancang kampanye ti hiji cawapres, aya 
anu ngabejaan, yen cenah "Percaya" dina slogan di luhur teh ngandung 
3 katerangan. Anu tilu teh nyaeta: 1) Percaya Kepada Tuhan, 2) 
Percaya kepada Negara, 3) Percaya pada Kemampuan Sendiri. 

Diantara tandana percaya ka Pangeran teu aya sanes JUJUR tea. Enya 
sakumaha sifat Nabi anu amanah tea, tandana percaya ka Pangeran mah 
anu panggampangna taya sanes kajujuran tea.

Terus, percaya ka nagara hartina, diantarana, yen lembaga Negara teh 
masih diperlukeun, ngan nagarana ku nu ngawangun kapinteran 
rakyatna. Enya, sakumaha tujuan kamerdekaan dina UUD 45 tea: 
Mencerdaskan kehidupan Bangsa. Ngurus nagara jeung tujuan ayana 
Nagara pakait jeung kapinteran atawa "keCERDASsan" pangurus nagara 
jeung masyarakatna. 

Anapon "percaya pada Kemampuan Sendiri" ngarupakeun lajuninglaku 
tina cerdas. Keur naon ari cerdas oge lamun teu percaya kana 
kamapuan sorangan mah. Kukituna, sajaba "cerdas", anu percaya kana 
kamampuan dirina sorangan mah tangtuna oge WANI. Da moal aya 
kepercayaan kana kamampuan sorangan, lamun taya kawani. Enya 
sakumaha baheula, 32 tahun ka tukang, sanajan sakitu parentulna 
teknokrat lulusan LN, tapi da teu aya kawani tea, tetep bangsa urang 
teh ukur jadi tukang kaput pola kahirupan bangsa, utamana dina hal 
ekonomi, anu geus ditangtukeun ku kongsi antara modal jeung 
kakawasaan. Enya modal jeung kakawasaan anu jero-jero na mah 
neruskeun pangjajah moderen ti LN. 

Tetela atuh PERCAYA teh bisa ditafsirkeun leuwih jauh jadi JUJUR, 
PINTER (atawa CERDAS) jeung WANI. Ari "MAJU" jeung "MAKMUR 
INDONESIAKU" rek disimpen dimana? Maju sigana nyurup kana Orde 
Prestasi tea. Lamun pamimpina geus mibanda karakter Jujur, Pinter, 
jeung Wani, kana moal jauh pikeun ngahontal kamajuan alias prestasi 
tea. Anapon MAKMUR, eta mah hasilna engke lamun pamimpin jeung anu 
nuladanna (rakyat anu dipimpinna) geus ngalaksanakeun JUJUR, PINTER 
jeung WANI babarengan dina proses ORDE PRESTASI (sagalana diukur ku 
pretasi anu diwangun ku kajujuran, kapinteran, jeung kawani).

Pakaitna slogan di luhur jeung 3 ajen-inajen mataholang kasundaan 
(ceuk sapalih warga Kusnet) aya kitu? Asana aya. Coba bae urang 
toong saliwatan. JUJUR atawa Percaya kahiji (Percaya ka Pangeran) 
teh ngarupakeun sikep anu prak-prakanna teh aya dina SILAS (Silih 
Asih, Silih Asah jeung Silih Asuh). Ku cara sejen dijelaskeun, SILAS 
teh program langsung tina sikep JUJUR. 

Ari percaya ka nagara atawa PINTER eta diperlukeun pikeun NGERTAKEUN 
BUMI LAMBA. Enya, neundeun ajen kahadean atawa modal pikeun jaya di 
bhuana dina amal bakti ka papada manusa.  Ngertakeun Bumi Lamba anu 
tujuanna ngawalatrakeun sarerea kalawan adil, tangtu bae perlu 
kajujuran, ngan dina ngalaksanakeunna perlu kamotekaran. Urusanna 
aya dina wadah managemen.

Anapon WANI jeung Percaya kana kamampuan sorangan pakait dalit jeung 
KABUYUTAN. Nyalindungan jeung mulasara lemah cai, ti mimiti banjar 
karang pamidangan, lembur sorangan, dayeuh sorangan tug tepi ka 
nagri sorangan merlukeun kawani jeung kapercayaan kana kamampuan 
sorangan salian ti kajujuran jeung kapinteran. Enya, upamana, kawani 
pikeun tetep heunteu ngajual hulu cai ka nu boga modal-sakumaha 
nawarna anu boga modal-sabab cai teh banda pikeun kalohjinawian 
balarea. Pon kitu keneh dina miara lingkungan sejenna anu kaasup 
kabuyutan, saperti leuweung, walungan, titinggal sajarah, jst.

Aeh, na siga ngarojong 2 calon Pres-Wapres, nya? Tuda anu apal 
slogan na ngan dua-duana eta. Jeung deui lain maksud rojong rumojong 
ieu mah, miangna mah kusabab kaeleketek ku slogan kampanye ti 2 
Capres-Wapres bae. Eta cenah bisa ngait, nya tuda dikait-kaitkeun. 
Sugan bae atuh ngait terus. Wayahna ka anu ngarojong Capres-wapres 
sejenna mah heunteu "pakuat-pakait", jalaran heunteu apal slogan 
aranjeunna jeung paur teu ngait.

Cag,
manAR




  












------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke