Ari
pamendak abdi mah anu kompanyeu bade ngabebaskeun spp teh tos katinggaleun
jaman.. da tos sababaraha taun spp teh haratis, namung digentos ku DSP( dana
sumbangan Pendidikan), ageungna DSP ditangtoskeun ku pihak sakola sareng Dewan
sakola (baheula mah BP3), janten ayeuna DSP teh tiap sakola benten benten, upami
sakolana kalebet sakola terkenal, nya DSPna langkung awis, malihan mah aya SMP
negeri di kota bandung DSPna ampir sami sareng biaya jang ka perguruan tinggi
swasta.
ieu
kaalaman ku simkuring taun kamari ngasupkeun pun anak anu cikal ka smp jeung
ngilu ngabiayaan pun adi ka perguruan tinggi swasta di bandung, eta biaya teh
ampir sami. Malihan mah anu di SMp disatengahing jalan aya deui we pungutan, ti
pungutan jang perpisahan kepala sekolah, sumbangan guru naek haji. sumbangan
jang ngecet ruang kelas (padahal di DSP geus termasuk biaya perawatan sakola).
pokonamah asa pamohalan lamun aya calon presiden jangji rek ngabebaskeun baiaya
sakola teh...
tatan
-----Original Message-----Kang Didin, asana teh sim kuring mah cangcaya, SPP
From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, June 17, 2004 8:08 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] SPP Gratis
bisa haratis, sabab nu kaalaman ayeuna we kalahka
beuki mahal biaya sakola teh.
Pangalaman taun kamari waktu rek ngasupkeun pun anak
ka SMU Negeri, biaya asupna we (cenah mah biaya
bangunan) anu normal dugikeun ka Rp2,5 jt. Disebutkeun
normal teh kieu : NEM pun anak rata-2na mung 7, waktos
tes hasilna kirang sakedik, putra tatangga nu damelna
di Depdiknas, rata-2 NEM na kirang ti 7, daftar di eta
sakola telat (saparantosna ditutup tapi tetep ditampi
sabage susulan), hasil tesna lulus persis no buncit.
Tah calon siswa nu teu lulus dibere kasempetan jadi
siswa di eta sakola tapi kudu nambah biaya
pangwangunan total Rp8,5 jt. Sim kuring nyoba nego
menta Rp5 juta (kasanggupan sim kuring sakitu bari
jeung eungap oge)jeung lantaran lanceukna sakola di
dinya, tapi sama sakali teu bisa. Eta harga teh saurna
harga pasti teu bisa ditawar deui. Lanceyukna nu
sakola di dinya teu jadi bahan pertimbangan, padahal
harita teh manehna jadi Ketua Umumna kagiatan ekstra
kurikuler, malahan kapilih jadi Ketua OSIS tapi
ditolak dan sieun ripuh teuing. SPP-na Rp60 rebu
sabulan. Tungtungna pun anak teh diasupkeun ka sakola
swasta SMU Muhammadiyah, biayana Rp2,15 jt, leuwih
murah ti SMU Negeri tapi SPP na memang leuwih mahal =
Rp150 rb. Lamun diitung, total biaya nu diperlukeun
asup ka SMU N =Rp9,22 jt sedengkeun ka SMU
Muhammadiyah ngan Rp3,95 jt. Alhamdulillah bisa ngirit
Rp5,2 jt.
Cag ah
Jaka
--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> KBK + SPP Gratis = BUS (Barudak Ulin Sorangan)
>
> Guruna ........... ? (nu sanes guru ........ moal
> bejaan !)
>
>
>
> SUARA PEMBARUAN DAILY
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

