Kamari bada asar Kang Oman ngulem supados sumping ka kantorna pedah aya Ibu Ida ti Radio Komunitas, nu sumping Bah Willy, MJ, Kang Bo'im, Kang Wida (Ketua Damas manten), sareng Pa Abdurachman ti Kadamas (Kepala Sumber Daya Mineral manten).
Resep ngupingkeun ibu Ida anu tos tengah tuwuh tapi masih keneh sumanget kana organisasi, ngadadarkeun pnagalamanana kumaha hese belekena ngatik masyarakat padesaan sangkan sadar kana hak-hakna.
KUSNET diwanohkeun ku MJ, ditumbu ku sim kuring, nyaritakeun YP jeung pabukon.
Teras Pa Abdurachman ngadugikeun kearifan lokal dikaitkeun sareng KBLS (Kampung Budaya Lembur Sunda).
Ibu Ida meredih sangkan KUSNET tiasa ngeusian program anu aya di anjeuna, diantawisna majalah udara.
(Ibu Ida sering pisan nyebat.." dina ngeusian ieu kagiatan...Ibu mah embung ter-kooptasi.."...., atuh kuring ge nyebut.."Bu..sing percanten KUSNET mah moal kabawa sakaba-kaba ku anu kararitu...)
Aya hal anu kacida narikna nyaeta....cariosan Pa Abdurachman...yen Urang Sunda mah teu "moyodok" nu moyodok teh pribadi-pribadi nu kabeneran Urang Sunda, da Urang Sunda nu sabenerna mah turutaneun urang sarerea, nyaeta nu aya di kampung adat di tatar Sunda.
(Pa Aburachman naros ari KUSNET teh naon, nya dijelaskeun komunitas......Pa Abdurachman nyawad kudu konsisten atuh...entong komunitas da basa Sunda Kumpulan.....KUSNET Kumpulan Urang Sunda di Internet)
 
KUSNET sok sanajan can waka ngajangjian ka Ibu Ida, hoyong ngiring  ngarumat Sunda ngaliwatan gawe sareng Radio Komunitas
mung duka kumaha wujud gawe barengna, ceuk rarasaan bisa bae siaran naha ngeusi Paribasa Sunda, atawa nya nyieun Majalah Udara tea...!!
 
Mangga ka baraya sadayana, bilih aya ide atanapi pamendak dinatos pisan..!!
 
Hatur nuhun
 
MSasmita 
 
 


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke