Kang Budi, Rupina heunteu haseum Kang Budhi eta warta teh, abdi oge sami nembe ningali kamari. Leres, naon anu didugikeun ku Kang AR teh. Saterasna, sim kuring nambihan sakedik, dadumaniskeun sareng hasil tina salah sahiji pajemuhan di Bandung.
Sacara ajen inajen budaya, urang, khususna Tatar Sunda, masih kiat. Malah kanggo ukuran Nusantara mah tiasa disebat pangsaena. Ieu teh lain sikep "autis", namung kanyataan sakumaha kamari dipedar ku Kang Abdurochman (anggota KADAMAS, mantan Direktur Direktorat Sumber Daya Mineral, nelahna "Abah Damas"). Upamana bae, naon anu dirumuskeun dina KTT Bumi sareng pertemuan2 ngeunaan lingkungan hirup tingkat dunia seueur anu asalna ngarupakeun "local genuine" atawa "local wisdom" ti urang. Atuh pon kitu keneh, seueur kajadian monumental anu mibanda ajen luhur dina lalampahan kahirupan bangsa Urang ngawitanna atawa dilaksanakeunna di Tatar Sunda (Proklamasi, Ibu Kota, KOnferensi AA, APEC, dll). Upamana bae, kakuatan Budaya Baduy seueur ngawarnaan protokol Stockholm anu ngarupikeun jabang-bayina KTT Bumi 1992 di Rio de Janeiro, Brasil. Bangsa-bangsa anu maraju ayeuna, anu saladar kana lingkungan, baralik deui kana "local colour" anu asalna ti nagara- nagara berkembang, kalebet ti Indonesia. Di Tatar Sunda hal ieu teh lumaya pikagumbiraeun, sabab masih aya puluhan suku tradisional (Baduy, Suku Naga, Kampung Kuta, jst). Kukituna, sacara budaya, sacara masyarakat, urang masih boga keneh kakuatan jeung sumber atawa mataholang. Hiji kakuatan anu lain bae sukses dina ngawangun lingkungan masyarakatna, tapi dijadikeun contoh jeung "pembelajaran" ku masyarakat dunia anu maju. Kakuatan sejenna nyaeta budaya hirup kumbuh. Masyarakat urang kawentar salaku masyarakat anu "cinta damai" sareng heunteu sosoro kana politik. Ieu teh kacida jadi kareueus bangsa deungeun. Sabab, apan politik mah mibanda watek anu, numutkeun Abah Damas mah, "pelacur", "tukang dagang anu sarakah", licik, jsb laku lampah teu kapuji. Oge masyarakat urang mah aslina ataw masih keneh gegedena dina alam kiwari, geus kanyahoan salaku masyarakat anu bisa ngurus diri sorangan jeung percaya diri. Mangga bae uningaan dina kasus kahirupan Masyarakat Kanekes di Baduy. Hanjakal ieu kakuatan ajen inajen anu ku urang sasari dipadungdengkeun salaku SILAS, NGERTAKEUN BUMI LAMBA sareng KABUYUTAN teh heunteu dipikawanoh, direvitalisasi, sareng prak dilaksanakeun ku pangagung-pangagung di urang pikeun diturutan ku masyarakatna. Oge hanjakal, ieu kakuatan bangsa urang teh sok disalahgunakeun ku pamimpinna dugi ka bangsa sejen oge heunteu sieun jeung heunteu era ngamanfaatkeunna pikeun kaunggulan maranehna. Pamimpin di urang nyakitu tea, kajiret ku moral feodalisme atawa priyayi tea, tepi ka kakuatan masyarakat anu sakuduna jadi bekel pikeun kamajuan balarea/bangsa teh dijadikeun usaha dirina sorangan atawa kelompokna. Contona, kasus panyelewengan anggota DPRD tea oge pajabat-pajabat pamarenhatan. Kukituna, anu heunteu kuat di urang lain masyarakat, da masyarakat mah masih keneh mibanda "daya tahan" (buktosna, sakieu tos lamina krismon, tapi masih keneh aya ieu nagri teh, taya lian kulantaran masyarakat "daya tahan" masyarakat). Pamimpin di urang heunteu engeuh yen masyarakat heunteu perlu dititah, komo dipaksa mah, jalaran aranjeunna parantos pada uninga kana pancenna sewang- sewangan. Anu diperyogikeun ku masyarakat taya lian ti "fasilitas" ti pamarentah, kalebet fasilitas kahirupan sosial-politik-budaya- ekonomi jsb anu mere lolongkrang pikeun aranjeunna ngamekarkeun kahirupanna. Di urang, falsafah sajarah, sakumaha ceuk Mat Dimon, masih nembrak. Yen sakumaha sederhanana hiji bangsa, tangtu mibanda mataholang ajen inajen anu bisa dihudangkeun deui (direvitalisasi) pikeun ngahontal (deui) kajayaanna. Anu perlu diuar-uar jeung terus digedurkeun taya lian ti meresihan mental priyayi di diri para pamimpin, dina kawijakan jeung prak-prakanna dina kahirupan sapopoe akibat tina eta eta mental priyayi-feodalisme. Kukituna, tugas reformasi teh (anu memang can pati kalaksanakeun) diantarana meresihan kawijakan2 anu pinuh ku pasal-pasal ngeunaan kauntungan sapihak (ukur keur pangagung atawa pangusaha) bari nanjeurkeun jeung nyalindungan budaya bangsa anu hade tina panarajang budaya sejen anu goreng. Cag heula, bilih panjang teuing. Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi peuting lalajo debat capres SBY jeung Amin basa di GKJ di layar SCTV, dina perkara budaya, meureun di lembur mah geus lila kacida, boa geus haseum eta warta teh ... > > Aya sababaraha panelis, salah sahijina kang Ayip Rosidi ... ceuk kang Ayip cenah budaya era teh geus aya ti karuhun urang, ampir sakabeh suku bangsa nu aya di ieu nagreg, baheula mah ngabogaan budaya era, ngan sanggeus merdeka budaya era teh kalah beuki luntur, komo satutasna HMS jadi presiden mah ... > > > Naha geus perlu di urang aya Departemen Kebudayaan ? anu ceuk kang Ayip tea, bisi jadi sumber keur nyebarkeun budaya korupsi lebih anteb deui .... wallahualam ... > > wassalam, > budhi > oritate permai ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/