Abah Abdurrochman ieu  seniorna kang Oman ti Geologi, tapi nu kantorna di Sukarno Hatta

Kamari tepang, dina acara pendak sareng bu Ida, nu ngurus Jaringan Radio Komunitas 
kanggo patani.

si Abah netelakeun pamendak anjeuna ngeunaan Sunda nu ku si kuring disigeung.

Urang Sunda teu aya di kapamingpinan Nasional
1. sabab salian ciri alus jeung hade nu ngaran pamingpin teh, nu gorengna oge loba, 
kaasup maen kasar, rada curang, licik, jeung sajabana. tah ku alatan pasipatan eta 
rada napel, urang sunda teu bisa makalangan. hatena halus teuing (ari nu halus2 teh 
sarupaning tipung tea :p

tina kasauran bah Rochman eta, kaharti atuh, mun kalolobana nu makalangan jadi 
'pamingpin nasional' ti US, ti tangtara. sabab meureun geus dicitak di Landeuh 
(tarjamahan ti lembah) Tidar sangkan hatena jadi rada teuas.

2. salila ieu urang sok keuheul ka sorangan, sabab urang sunda teh moyodok. 
saur bah Rochman, urang sunda na mah henteu, tapi figurna. da ari urang sunda mah 
anggeur cenah. nu mana urang sunda? contona teh, nya ka wewengkon adat, siga Kampung 
Naga, Kuta, Baduy....baraya nu di dinya mah, estuning geus sampurna, teu butuh deui 
'kamajuan' nu ayeuna keur dikojayan ku urang sunda kota.

3. jabar terkenal pangkorupsina?
haha. waleran bah Rochman matak seuri, pangna kitu oge, urang teh beunghar...! sanajan 
di korupsi masih bisa ngawangun, jeung da mun saeutik mah meureun APBD na, euweuh 
korupsieun...

hahaha 
Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke