Ku kuring urang tambahan nya, ieu aya 'jurus' meunang
ti guru penca baheula - ari pencana mah teu bisa
teusing - cenah prinsip hirup US teh oge jiga kieu:

indit bahanan
datang sampakeun

Eta 'jurus' teh jigana lain keur dina penca wae bisa
dilarapkeuna teh.

Wallahualam
MH

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> punten ieu mah mung nyanyahoanan, diserat
> sakainget...
> salah sarebu, jurus,  dihandap ieu, nyutat ti buku
> Arsitektur Kampung Naga (asana nu nerbitkeun teh
> alumnus arsitektur unpar). dicutat oge dina buku
> Sajak Banyol jeung Sajabana, buku terbitanYP KUSnet
> munggaran (iraha deui nya bisa nyieun buku). 
> 
> dihandap ieu, jampe atawa jurus hirup urang kampung
> Naga Salawu Tasik. nu ku sikuring dicaritakeun dina
> novel Rakkaustarina tea, bahasa indonesia, ngan soal
> konstruksi wangunan imah nu aya di eta wewengkon
> pakait jeung lingkungan atawa kaayaan wewengkon has
> urang:
> 
> 
> teu saba teu soba
> teu banda teu boga
> teu weduk teu bedas
> teu gagah teu pinter 
> jeung teu bodo-bodo acan
> 
> sigana pihartieunana, mahi ku saeutik, cukup ku teu
> boga, jeung sikep-sikep hirup nu sipatna moderat
> atawa siger tengah, dina wadah handap asor. teu
> sieun ku batur, da teu boga hate jeung niat goreng,
> someah ka semah, sigana patali jeung eta. 
> 
> sanajan kekecapanana semu nu pasrah, tapi pastina
> teu maksud rek pesimis atawa fatalis, tapi estuning
> narima hirup salaku manusa di alam pawenangan
> pangeran. 
> sugan eta oge :p
> 
> mun disablon dina kaos...alus nya? 
> ke sugan ari pareng
> 
> 
> Mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke