Hapunten ka baraya sadayana, kuring mah rada teu satuju ku lobana gambar
anu kirang sae sapertos anu di kirim ieu. Kumargi urang sadayan terang
yen aranjeuna teh janten bahan cariosan dina danget ayeuna nyaeta
mangrupikeun calon pamingpin urang anu tangtu engke lamun kapilih bakal
jadi mingpin urang sarerea. Eta para capres + cawapres teh jadi bahan
guyonan urang sarerea di mana wae kucara cara ngagentos-gentos raray
aranjeuna. Sareng anu kacida sedihna kuring ningali calon pamingpin
urang sarerea di heureykeun ku rahayatna sorangan. Anu asalna lalaki
kabeh kacuali MSP. Di gentos ku poto awewe anu teu pantes anu
.........pokonamah ngewa.
Cik simkuring bade tumaros kasadayana. 
Saupamana poto urang dikitu kitu ku batur rek naon?
Jeung kumaha parasaan baraya sadayana upami poto urang di kitu-kitu?
Lamun rek kampanyeu biasa biasa wae atuh kang ulah sok ngarusak poto
jeung kodrat pangeran.
Kuring lain penggemar atanapi simpatisan salah sahiji calon. Memang
upami ningal saliwatanmah seuri tapi teu karasa nyeungseurikeun calon
pamingpin urang, tapi anu pasti aya tujuan tertentu anu di selipkeun
dina eta guyonan poto. Urang tiasa bae jadi garelut gara gara eta. 
Ayeunamah urang kedah waspada nyanghareupanana.
sing asak asak mikir ulah asal asalan milih dina waktosna milih
capres+cawapres engke.
Hapunten bilih cariosan abdi rada nyugak kanu manah.

Wassalam wr.wb

-----Original Message-----
From: kamurer [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 19 Juni 2004 10:21
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Tong salah milih Capres...


Assalamualaikum ww...

ngajaran ngirim Gambar...
Kabeneran aya gambar Capres, tapi karek kenging tilu capres... dua deui
can meunang...

Kade tong salah milih.....
Kurang leuwih 70 KB.

salam



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke