haturan Bah Joe di NY... kumaha damang Bah ?! alhamdulillah ari lagu2-na tos tiasa di download mah , kumaha acara di radio kameldiny-na ?! seueur nu "ngarespons" teu ?! Bah, milist [EMAIL PROTECTED] mah tadina di damel teh kanggo dijantenkeun goahna KUSNET... tadina si kuring hoyong dikirim file MP3 jaipongan sareng calung ti Kang Hasan Garut nu aya di Malaysia... ku lantaran file di milist yahoo KUSNET tos pinuh, nya si kuring teh ngahaja ngadamel deui milist [EMAIL PROTECTED] murni kanggo janten goahna KUSNET, janten sing saha bae nu bade babagi file khususna lagu2 MP3 kasundaan mangga tiasa di simpen di [EMAIL PROTECTED], nya kitu deui nu bade ngadownload mangga teh teuing... ngan kumargi ukuran-na terbatas, goah ieu teh tiap dinten senen ku si kuring dibersihan... pan ari tos bersih mah, baraya tiasa nyimpen deui file nu enggal...
Upami Bah Joe bade posting ngenaan NY mah mangga wae posting-keun we ka milist KUSNET atanapi milist [EMAIL PROTECTED] ... dua milist ieu teh saleresna mah anggota-na sami keneh bae, mun bentenna anggota di kusnet mah rada daria/serius, nu digankleboy mah anggota-na rada "slebor" dina hartos ngobrolna bebas, bade ngobrol jiga chatting ge moal aya nu protes, seuseurna mah ngarahul wungkul bari jeung silih gonjakan... kumargi kitu kedah rada ati-ati mun bade gabung di gankleboy, bilih janten sok seuri sorangan di payuneun komputer (bilih disangki rada gelo meueusan...) sok lah Bah, diantos postingan ngenaan NY-na... Wassalam, ^_^ nb. - Kang Hasan Garut, cing bagi file calung-na...!!! - Ua Sas, naha kendang penca teh teu acan dugi keneh bae nya ?! ----- Original Message ----- From: s. nata Subject: Re: instrument sunda : bubuka Cep Hasan nu bageur, Nuhun pisan, parantos di down loaded ka computer sim kuring. Engke wengi bde di siarkeun di Radio Kameldiny one shoutcast.com. Tah sugan wae US saalam dunya tiasa ngadangukeun oleh-oleh ti lembur. Dupi milis ieu teh, posting nu di utamikeun posting naon ?? Kumaha mun dongeng kaayaan sadidinten di NYC. Nya hoyong ngiring ngaramekeun wae. Tapi da sim kuring mah teuteubiheun basa sundana Gan Ilen atanapi Mama ManAr, jadi bade ku basa sim kuring keur budak ngobrol jeung barudak tukang ngumbah mobil di Buah Batu di Cijagra kitu. Da harita mah didinya teh sawah keneh. Wassalam, Abah Joe [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

