Kamari aya postingan ti MJ ngeunaan urang sunda ceuk urang sunda sorangan. Kuring asa kailhaman, hayang nyaho jiga kumaha ari urang sunda teh ceuk sawangan batur. Ceuk pikiran kuring, lamun manggih sawangan batur ngeunaan urang asana aya manfaatna pikeun pieunteungeun.
Terus kuring kukurilingan neangan tulisan ngeunaan urang sunda, kabeneran meunang dua tulisan anu katimu teh. Tulisan kahiji ngeunaan patalian budaya sunda jeung tembang. Tulisan kadua ngeunaan program kristenisasi khususon keur urang sunda. I. Urang Sunda Ceuk Sean Williams a. urang sunda jeung basana Barudak sunda - utamana anu matuh di kota bandung - leuwih resep nyarita make basa Indonesia tibatan make basa sunda, lantaran basa Indonesia jadi basa panganteur di sakola jeung tv. b. urang sunda jeung sajarahna Barudak sunda di sakola dasar nepi ka sakola menengah teu pati apaleun kana sajarah sunda sorangan. Alatanana, kulantaran ngan aya hiji kurikulum anu meunang diajarkeun di sakola. Antukna, barudak sunda teu apaleun pernah aya jaman keemaasan karajaan Pajajaran. c. urang sunda jeung agamana Lolobana urang sunda ngagem Islam. Tapi pemahaman kana Islam kacida beragamna. Lamun dipilih sampel salah sahiji jalan di Bandung, oge kota lain, terus 'ditewak' satiap anu ngaliwat ka eta jalan, urang bakal meunang urang sunda anu fundamentalis oge anu ngan 'Islam KTP'. Keun urang kota kelas menengah aya tendensi, indit ka masjid ngan poe jumaah atawa lamun keur aya kahayang. Misalna, frekuensi jeung panjangna sholat sapopoe ningkat lamun manehna hayang meunang lotre. Wallahualam. MH catetan: Tulisan di luhur disadur tina buku: The Sound of The Ancestral Ship Highland Music of West Jawa Sean Williams 2001 Oxford University Press http://www.oup.com/ __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish. http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

