muhun wa sas... sim kuring oge nonton eta acara teh, asa manghandeueulkeun pas ningal dina ahir acarana, naha pamarentah teh ngahaja kitu masihan hiburan kawas kitu ka urang kanekes..?? naon tujuanana nya..??
Panzi ----- Original Message ----- From: MSasmita To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Sunday, June 20, 2004 11:39 PM Subject: [UrangSunda] Upacara Seba Poe saptu beurang kasorenakeun di SCTV aya acara Potret, nu eusina ngabedah Upacara Seba, ti masyarakat Kanekes ka Bapa Ageung (asana mah Bupati Lebak jeung Gubernur Banten). Resep ningali eta acara, ngan hanjakal dina panungtungan acara seba aya nu disebut hiburan, hiburan keur urang Kanekes sigana mah di aula atawa palataran gedong Kabupaten/Gubernuran, teu pati eces, hiburan teh dieusian ku dangdut, na eta mah penyanyi dangdut ngageol geol bujur, bari ngajak joged ka urang Kanekes, atuh puguh we urang Kanekes teh siga nu rampang reumpeung, dina adat maranehna tangtu kalakuan kitu patut euweuh....! Ceuk hate teh na kaleuwihan teuing mere hiburan ku anu kitu patut ka masyarakat adat anu masih keneh beresih. Untungna reporter ti SCTV mere ulasan nu manghanjakalkeun ku hiburan model kitu. MSasmita [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

