Leres pisan Ua, lembur kuring (UI) kenging hibah ti
Korea (Selatan) KOICA 180 komputer lengkap sareng
korsi, meja, biaya renovasi kelas, AC pokona mah UI
kantun  nyayagikeun tempat sareng listrikna wae. Upami
dijumlah jambleh mah kirang langkung ageungna
sumbangan eta teh aya kana $ 1 juta. Tapi nyakitu tea,
sadayana kedah merk sarwa Korea, teras kedah aya 1
tenaga volunteer anu "ngawaskeun", inda-inda(api-api) 
na mah bilih kanggo ngalereskeun komputer anu resak
sareng kanggo ngajar. Tapi da tos aya teknisi UI anu
dilatih sareng dikintun ka Korea salami dua minggu
asana mah. Ua oge (salaku pajabat di KBRI Korea)
panginten uninga sawatara waktos kapengker aya urang
UI "turni" ka Korea. (Ngan hanjakal abdi teu kalebet
anu dikintun ka Korea, tapi ketang upami ka Korea
harita oge, rada balangsak, teu acan uninga ka Ua).

Naon anu dipikahariwang ku Ua Siddik teh, kuring oge
gaduh pamadegan anu sami. Cobi wae ku Ua galih,
investasi Korea di Indonesia teh nomor dua saparantos
Jepang. Kitu oge jumlah urang Korea kalebet paling
seueur. Nagara mana anu bade "ngalurkeun" investasi
anu potensial siga kitu. Dina sababaraha hal, sikep
bangsa urang ka bangsa Korea, teu siga ka bangsa
Barat.Puguh wae atuh, bangsa Korea laluasa
ngembangkeun usahana di Indonesia, teu jiga bangsa
Barat. Aya gejolak urang Islam di Indonesia,atanapi
gejolak pemilu, maranehanana (urang Barat) pada
sieuneun.

Sisi positipna ku ayana bangsa ti Asia timur teh,
nyaeta sumanget dina soson-soson didamelna. Si Korea
eta upami tos damel di payuneun komputer, mani betah
ti jam 8 dugi ka jam 5 teu kecet-kecet. Sigana wae
upami jam kantor dugi ka 10 wengi, manehna pasti
betaheun pisan.

Perkawis tenaga volunteer janten tukang "tilik"
(mata-mata) dugi ka tingkat tertentu mah pasti manehna
oge, ngalaporkeun naon anu kaalaman salami jadi tanaga
volunteer.

Ieu aya pangalaman rerencangan kuring, kenalan sareng
urang Korea, anu nuju sakola S2 di UI. Sababaraha taun
saparantos kenalan teh duanana kapendak deui. Batur
kuring tos janten pajabat di hiji fakultas, si Korea
eta tos janten hiji direktur pausahaan Korea di
Indonesia. Teras aya "kesepakatan", pausahaan Korea
eta ngabantuan nyumbang dana ngadamel fasilitas kantin
sareng senat mahasiswa, anu biayana dugi ka 800
jutaan. Model sumbangan ngabangun fasilitas kanggo
mahasiswa ieu, diterapkeun oge ka paguron luhur negri
sanesna di Indoenaia.

Tah kitu Ua pangalaman di lembur kuring.


baktos,


mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>> Perkawis volunteer Korea, Korea unggal tahun
> ngintunkeun tanaga-tanaga volunteer ngora ka
> nagara-nagara anu masih keneh, kirang/teu acan maju.
> Ieu program di sponsoran ku KOICA, badan social anu
> aya dihandapeun/apingan  MOFAT (Ministry of Foreign
> Affairs and Trade) Korea, malih ka Indonesia oge
> kirang langkung 20 urang tanaga volunteer, disebar
> ka desa-desa sa Nusantara (sim abdi rada ngaragukeun
> kana ieu program, sieun eta barudak volunteer,
> dibekelan tugas sanes) margi ka TS kasebat paling
> seueur, sapertos taun kapungkur 20 tanaga kanggo sa
> Nusantara 4 ~ 5 orang kanggo TS anu disabar ka
> desa-desa di kabupaten, Bogor, Sukabumi, Cianjur
> sareng aduh hilap deui. 
> Sakitu tambihan perkawis Korea.
>  
> Pihatur
> SSW
>  



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke