Assalamu'alaikum wr, wb. Neraskeun ngenaan PSK di sumedang tea, anu tipayun ditawiskeun ku MJ. Kamari sim abdi basa ta'jiah ka almarhum pun mamang, nya sakalian nyimpang ka sakola madrasah gaduhna kapilanceuk ngan hanjakal nuju suwung nu aya ngan istrina. Saterus nya diobrolkeun ngenaan PSK programna YP kusnet, atuh nyambung da kaleresan deui cenah madrasah teh can ngabogaan perpustakaan. Samalah mah eta teh tos direncanakeun dimana wangunan madrasah rengse (ayeuna keur ngawangun nu anyar da nu heubeul geus teu bisa nampung, kabeneran aya tanah wakaf) bakal di sadiakeun rohangan pikeun perpustakaan, tapi bingung cenah da buku-bukuna can aya. Ari soal buku-bukuna mah buku naon bae utamana mah buku ngenaan pangajaran pikeun barudak SD nepi ka SMA, malah ditambahan ku majalah atawa buku sejena oge teu sawios atoh nu aya. Sabab salian keur barudak eta perpustakaan teh dibuka oge keur umum, utamana mah keur ibu-ibu anu nungguan barudakna sakola daripada ngariung teu puguh sugan ari aya perpustakaan mah bisa bari maca sabot nungguan barudakna sakola pan bisa nambahan pangaweruh.
Ari sakolana teh dibagi-bagi waktuna, aya nu isuk-isuk (TKA), pabeubeurang jeung sore gumantung kumaha bisana barudak, da tetep ari sakola formalna mah di SD,SMP jeung SMA. Jadi kasimpulanana insya Allah siap nampi program PSK ti YP, ngenaan tempat samentawis mah nya di bumina pun lanceuk heula da keleresan aya rohangan anu sok dipake diajar barudak TK. Alamatna Kp. Nagrak RT.8 RW.4 desa Paseh Kaler kec.Paseh Kab.Sumedang 45381 wasta pun lanceu Ustd. Farhan Nurkholish salaku pimpinan madrasah. pami aya naon-naon mah tiasa ngalangkungan sim abdi da kaleresn eta teh ayana di lembur tempat kuring digedekeun....heheh. Cag...ah, sakitu panginten laporanana mugi katampi. hatur nuhun. BM'69 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

