Neangan kecap hama dina KUBS, geuning bet nyamos ? Kasingsal atawa lain basa Sunda
kitu ? Duka teh teuing, kuring poekeun !
Basa naon atuh ? Yeh, lain ge poekeun atuh ari nyaho mah !
Ngungkaban kamus teh lain teu nyaho hartina, tapi maksud teh �sharing� kitu lah, sugan
! Kumaha ceuk kamus basa Indonesia ? Pabaliut, hama teh cenah istilah dina widang
tatanen (pertanian), hartina panyakit anu ngaganggu pepelakan ! Padahal lamun nanya ka
patani, pasti baris meunang katerangan yen hama jeung panyakit teh sarua tapi beda.
Sarua, sabab duanana oge ngaruksak pepelakan. Beda, sabab hama lain panyakit ! Hama
mah ngala luaran, panyakit mah ngala jeroan !
Anapon anu disebut hama nurutkeun kanyaho kuring, ngawengku tilu golongan, nyaeta
golongan tutuwuhan, golongan sasatoan, jeung golongan manusa. Urang wincik hiji-hiji,
nya !
1. Golongan tutuwuhan.
Ieu mah cek manusa, da ari cek tutuwuhanana sorangan mah kuring teu nyaho, nyaeta aya
tutuwuhan anu nu hirupna ngaganggu bari jeung ngaruksak (kahirupan) tutuwuhan nu
sejenna. Ku kituna, nurutkeun patani, mun kanyahoan aya tutuwuhan sejen anu tumuwuh di
sabudeureun tutuwuhan pelak urang, kudu buru-buru disirnakeun ku cara dipendem,
dibeuleum, atawa disingkahkeun ka sabrang ka palembang. Tutuwuhan anu kumaha anu
disebut hama teh ? Rada hese negeskeunana mun disebutan hiji-hiji mah, urang sebutkeun
wangenanana we nya. Kieu yeuh, hama teh nyaeta : �Tutuwuhan anu teu dipiharep tumuwuh
di tempat tumuwuhna tutuwuhan pelak urang�. Naha bet teu dipiharep tumuwuh ? Goreng ?
Taya gunana ? Ih, can tangtu, da tangkal sampeu oge mun tumuwuhna di kebon tomat mah
disebut hama ! Tangkal cau oge mun ting parentul di tengah sawah mah disebut hama !
Tangkal tomat oge mun tumuwuhna di kebon cengek mah disebut hama ! Komo tutuwuhan anu
tumuwuh dina tutuwuhan nu sejen mah, kapan disebutna oge mangandeuh,
nyaho mangan teu nyaho adeuh atawa benalu (bener-bener tak tahu malu, luh !).
2. Golongan sasatoan.
Ngeceskeun nu ieu mah kawasna teu kudu loba nyarita, da geus atra bisa katara balarea.
Aya hayam, eya entog, aya soang, aya beurit, aya monyet, aya babi, ah, pokona mah
pasti arapal we lah ! Bet hama wereng oge pan arapal pisan !
3. Golongan manusa.
Lamun pareng mukaan ensiklopedia ngeunaan hama tutuwuhan, heg teu manggih katerangan
ngeunaan ayana hama ti golongan manusa, peupeujeuh ulah nyarekan, sabab ayana hama
golongan katilu ieu mah ngan ceuk uing wungkul, nyaeta nu disebut hama kokod !
Taaaaaaaah, ayeuna kuring rek nanya ka balarea, geusan naon kuring nyaritakeun hama ?
Jawabna saderhana, sangkan pada-pada waspada bisi KUSNET katarajang hama !
Cag !
Kang Dien.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/