Lur, baheula di kusnet kuring kungsi nulis kaheranan hate basa munggaran 
datang ka bandung. heran bet aya ngaran Rumah Sakit Borromeus, terus 
Advent, Immanuel, St. Yusuf. kaheranan si kuring teu beak, da basa ulin ka 
wewengkon balai kota, aya sakola karesten jeung gareja katolik jeung 
protestan. si horeng bale kota teh memang baheulana ibukota pamarentahan 
pemda kolonial walanda.

beh dieu apal, yen pangna kitu teh, da sasatna bandung teh oge kota-kota 
sejen di urang, diwangun ku walanda. dina buku Harjoto Kunto, Bandung Tempo 
Doeloe, dicaritakeun yen basa aya Londo munggaran ka nagorij Bandung, karek 
aya lembur nu dieusi ku imah ngan ukur puluhan. meureun kampung istilahna 
ceuk urang mah.

palebah rumah sakit jeung sakolaan karesten, nya tangtuna kitu, da harita 
mah apan nu marentah teh londo nu ngagem agama nasrani, oge loba londo 
beunghar di urang usaha perkebunan nu nyarieun mangrupa-rupa kagiatan 
sosial, nu make wadah agama nasrani. ongkoh di negerina,salian ku nagara, 
loba sakola oge rumah sakit (jeung panti) atawa lembaga2 sosial 
kamasyarakatn nu memang diurus ku gereja.

harita masyarakat sanajan mayoritas islam, can bisa nyieun lembaga sosial 
siga kitu. beh dieu aya muhammadiyah, contona,  nu udaganana sosial, nyieun 
sakola, nyieun rumah sakit oge, sigana sabada merdeka.

jadi pangna rumah sakit nasrani atau sakolaan nasrani aya loba jeung leuwih 
nanjeur, sigana alesan sajarah. ayeuna di urang loba pasantren negeri (IAIN 
atawa universitas islam negeri), di nasrani oge aya, sekolah seminari tea, 
oge universitas kristen atawa katolik, sigana swasta neruskeun warisan walanda.

alesan sejarah eta sigana nu bisa ngajelaskeun kaheran si kuring naha di 
dayeuh atawa di nagara nu mayoritas muslim, sakola 'alus' atawa rumah sakit 
'alus' teh nu katolik atawa karesten. ongkoh muslim dina hal ieu memang 
soleh, teu ngambil alih atawa menasionalisasi basa keur revolusi. nu 
dinasionalisasi pamarentah ngan perusahaan, lembaga sosial mah henteu sigana.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke