Mimitina mah ku babaturan diajakan nyieun account di friendster.com nu nyadiakeun jaringan sobat di alam maya. Nya kuring teh nurut, nyieun account. Berekah, kusabab kuuleun meureun, geus sababaraha bulan sobat nu kadaftar teh ukur tujuhan. Jol adi kelas urang Cipanas menta dijadikeun balad, nya puguh wae ditarima da memang geus ngabalad ti mimitina. Tah, ti manehna kuring meunang tumbu ka balad manehna nu make gambar logo milis ieu, USHEu tea. Terus ku kuring diklik eta logo teh, ana jog ka rohanganana, baladna geus nepi ka 500 urang! Edun suredun!!! Najan eta rohangan di friendster.com teh ditujukeunana lain keur nu model ieu, kuring kacida helok tur atoh. Atoh pisan! Hayang miceun kapanasaran, cing, saha nu boga inisiatif nyieun eta rohangan? Urang Kusnet sorangan lain?
isk ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

