Wilujeng enjing kasadayana,

Mangga kang sandy lebet ulah isin-isin, upami isin mah meungpeun 
wennya kahade we titajong he he......nepangken deui abdi eko ari 
kawit mah ti indihiang-tasik ayeuna linggih dibogor ari macul mah di 
jakarta.

Mangga sakitu heula kang sandy ti abdi
hatur nuhun
kuncen#4

--- In [EMAIL PROTECTED], "Sandy Suratman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Sandy Suratman
> Engineering Team
> PT. LG Innotek Indonesia
> Bekasi International Industrial Estate
> Blok C-8 No.12&12A Lippo Cikarang
> Bekasi Jawa Barat Indonesia 17550
> Telp.021-89906619/20  Ext.533
> 
> Hatur nuhun sateuacana kanggo baraya sadaya anu linggih di iyeu 
channel.
> tepangkeun nami abdi sandy, panggilan mah seeur aya nu nyebat 
Jepri (Jejaka
> Prihatin), Tulang (kusabab ciyeun ku gogog), aya oge nu nyebat si 
Kasep
> (huehehehehe...hayangna!). Asal mah ti bandung, bandung nyingceut 
palebah
> cibeureum caket cimindi alias cimahi.
> Upami macul mah sami sareng kang devi di LG Innotek Cikarang, 
biasa weh
> sakali ewang janten munding sareng kang devi, minggon ayeuna kang 
devi
> janten mundingna, abdi di pengker nyekelan bajak, tah minggon 
payun nembe
> gentosan kang devi nu di payun janten mundingna! 
aheuheuheu....punten ah
> urang sunda mah sanes seeur banyol? hapunten bilih sunda abdi 
kasar, da
> sapartos parantos disiarkeun minggon kamari, asal abdi teh 
campuran kumargi
> rama ti bandung, ibu ti brebes, nyiar elmu ti SD dugi SMP di 
Brebes, SMA
> nembe ngalih ka bandung.
> naha janten nyarita iyeu teh...punten ah tos lami teuing...mangga 
kanggo
> akang2 sareng teteh2 anu sanesna dilajeng....ganti...rojjjeerrrr...
> salam baktos weh ka sadayana...
> 
> Wassalam
> 
> Sandy (urang Bandung)



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke