perkawis merek, enya, jaman kiwari mah hirup teh demi merek. maklum, rumasa eleh ku serbuan kapitalis ti amrik, negeri panggayana sadunya. ongkoh media, wartawan nu hayang gaul, narulis perkara eta, yen make merek2 luar kitu teh, sarua jeung jadi warga dunya. padahal mah, pirage baju.
baheula keur anyar keneh dikutuk jadi dosen, baju sok diasupkeun kana calana (maksudna baju teh dipake, bagean handapna-tungtungna diasupkeun kana calana, siga batur rapih). tapi ayeuna mah tara, padaharan asa eungaf-bati rarabi, rada gendut (kade ngan rada wungkul). jadi males jeung asa teu aya gunana. ngan masih semu er-er ari pendak sareng rektor. hehe. raksukan tradisional sunda aya babaturan dipangulinan nu cenah boga pamanggih duka timana, yen raksukan diurang, resmi teu resmi estuning beunang dipapantes ku walanda. duka enya duka henteuna mah. ari nu kaharti ku sikuring, saeutik. baju pajabat atawa menak, sok make jam buled nu dipesakan kana saku luhur. eta cara kitu memang pangaruh walanda-meneer tea meureun. oge sarupaning borderan atawa ukiran dina deukeut kancing, asa curiga si kuring mah eta teh lain pituin. sabab memang di bule oge aya, sanajan pattern (polana, bentuk ukiranana) beda. pasti disaluyukeun jeung model ukiran di urang. kusabab sunda jeung jawa rada mirip, bisa jadi eta raksukan teh pangaruh walanda ka budaya raksukan di pulo jawa. raksukan numutkeun geografis jeung iklim biasana, raksukan binti anggean-anggoan, siga imah jeung kadaharan, aya patali pajeulit jeung alam tempat hirup hiji kelompok masyarakat. kusabab di urang mah panas-tropis, baju teh kalolobana rada logor bin gombrang jeung ipis, sigana disaluyukeun jeung alam, kaasup angin jeung cahaya panonpoe. raksukan nu ketat (heurin, siga leupeut) asalna mah pakean jero di negeri nu boga usum tiis (winter), kaasup kaos sangsang. ayeuna kaos sangsang diparake ku nu make, sabab jang nyerep kesang, sabab teu mungkin muka baju buligir di kantor. ari baheula mah sigana, hareudang mah, mun teu kuat, nya dibuligir. siga patani di sawah. mun urang ngilikan film perang vietnam, kaciri, urang vietnam, nu sarua patani, marake bajuna teh, hideung. jadi hideung estuning lain pituin baju urang, tapi oge seler sejen di pulo sejen. ceuk teori mah, kelir hideung teh nyerep cahaya. jadi mun leumpang di jalan keur panas poe, atawa macul make baju hideung, leuwih tereh hareudang mun di banding ngangge anggean bodas (nu teu pati nyerep cahaya). komo mun teu make baju mah...hehe. tapi patani di urang oge di vietnam, marake baju hideung. lumpatna lain ka malasah fisika sigana mah, tapi ka masalah budaya jeung kapercayaan. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

