di urang, oge dimana bae ayana jelema, dina raraga nga-beda-keun embe jeung kapolda, soal baju raksukan oge dibedakeun.
baju atawa raksukan nu dipercaya jinis pakean pituin, disebut pakaian tradisional. aya oge nu nyebut baju adat. tah, ku sabab kitu, aya kecap 'baju adat' atawa 'baju tradisional', dipakena oge, biasana patali pajeulit jeung peristiwa adat atawa tradisi jeung jang ciri dina hiji kasenian. teu dipake sapopoe, sabab memang geus beda jaman-kalolobana jelema hirup, sapopoena, di alam 'sekuler' teu ngagugulung tradisi atawa adat suradat. urang irlandia oge, jalu, mun aya acara khas bangsana, sok make rok kotak2 tea. hahah. sarua we jeung urang jepang. ka kantor mah urang jepang make dasi jas jeung pantalon. tapi ari dina ngarayakeun upacara atawa peristiwa adat/tradisi mah, nya make baju tradisional jepang, siga kimono tea nyoren katana. si kuring nganggap baju batik teh baju tradisi nu nasional. dipake ngan ari aya uleman. si kuring oge make jas jeung dasi mun nyidang tugas akhir msiswa. si kuring biasana mah make sarung jeung sakapeung kopeah mun sholat, komo jumaahan di masjdi jami-desa. tapi kadieunakeun, di kota, jumaahan di pangulinan, nya make baju kantor. conto basa medalken buku legendaris terbitan munggaran kusnet, Sajak Banyol jeung Sajabana, di GSG Itenas, ngondang kang Ibing, ceu Aam, Ua Adang S oge Abah Surya. mahasiswa Lisenda, lingkung seni sunda itenas, rek maen rampak kendang, can mareunang baju pangsi-kampret hideung tea. nanya ka kuring. si kuring naros ka Abah Surya. saur si Abah, ah, teu kudu make baju tradisional, pake we nu aya. kaos, jins, jeung sajabana, ilaharna pakean barudak msiswa ayeuna. si Abah mah sanajan kalebet tokoh kasundaan, estuning gaduh pamadegan maju. tapi justru si msiswa nu ngarasa kurang sugema mun maen rampak kendang teu bari make pakean tradisional. sumangetna meureun beda. untung we meunang tah baju hideung pangsi-kampret, iket barangbang semplak. nya maen rampak kendang teh bari sarumanget pisan. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

