Haturan Teh Ely, Ngeunaan diskusi milih sakola, abdi ningali eta teh sae pisan. Karaos ku abdi waktos kedah milih sakola bet jadi bingung, da teu aya informasi nu nyekapan. Hanjakal teh teu sadaya lulusan SMA kagungan kasempetan neraskeun sakola ka paguron luhur, janten supados kageroh sadaya, kumaha upami nu moal neraskeun dipaparinan elmu "kiat-kiat menghadapi dunia kerja".
Eusi eta ceramah teh ngeunaan kumaha nyiapkeun fisik, materi tur mental pikeun mayunan dunia kerja. Kiat-kiat mayunan proses seleksi, wawancara, psikotest, jrrd. Aya oge trik praktis nyusun serat lamaran, CV jrrd. Numutkeun pangalaman abdi jadi tukang rekrut, lulusan SMA teh teu tiasa ngadamel surat lamaran-lamaran acan. Biasana manehna ukur ngajiplak boga baturna, nu oge ngajiplak ti baturna deui. Jadi mun aya rekrut saratus urang, surat lamaran tur CV na teh rata-rata eusina, formatna jeung panjang pondokna sami. Malih mah sok aya geuning blankona di warung. Abdi biasa babagi pangalaman nu kieu teh upami aya program community development atanapi permintaan ti sakola di sabudeureun bekasi. Hanjakal ka Wado mah tebih, upami caket mah abdi ge kersa ngabantos. -----Original Message----- From: djulia247 [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Saturday, July 10, 2004 6:49 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] PSK SUMEDANG, Ceramah di SMA Wado Mang Jamal, Kang Boim , araya kitu ? Ieu nambih informasi. Kahiji, perkawis PSK Numutkeun katerangan ti pun Uwa di Nagrak, Kec. Paseh, jarak ka SMA (SMAN Cimalaka atanapi SMAN Conggeang) aya 2-3 km. Janten upami aya kelompok baca di Nagrak sae pisan. Informasi ti Kec. Wado, Sim kuring tos mendak Bapak Guru SMAN Wado nu kersa malih bingah pisan pami katitipan buku. Pak Meme dugi ka danget ieu sukses ngasuh barudak rumaja di lembur kuring boh para siswa SMP/SMA oge nu putus sekolah dina widang olah raga (sepak bola, voli) malih aya salah sawios asuhanana kalebet tim pelatnas sepak bola). Janten pami disuplay buku-buku olah raga sigana langsung dirangkul. Numutkeun informasi ti tatanggi sanesna, Pak Meme langkung tiasa ngaraih barudak, ngempelkeun barudak pami bade katamuan saha bae timana bae, komo deui pikeun kamajengan diajar mah bingah pisan. Angka putus sekolah di SMPN 2 di dieu lumayan. Tahun ieu lulusan SMP nu jumlahna 190 siswa teh nembe 100 (informasi ti TU)nu tos terdaftar ka SMA, janten seueur ...... asuheun lumayan. Khusus rencana PSK di Sumedang, keputusan akhir KUSNET eh Yayasan Perceka nya, bade dimana wae oge sim kuring mah Insya Allah ngadukung, bade ngiringan nambihan koleksi buku bukuna. Kumaha teknisna? Kadua, Dina tahun ajaran baru ieu sim kuring sareng Bapak kepala SMAN Wado aya rencana bade dialog/talk show sareng para siswa kelas III Wado ngeunaan persiapan belajar sabada lulus SMAN. Pangalaman sim kuring ngadongkapan para siswa SMAN kelas III di daerah (sanes Sumedang bae) seueur nu baringung mun tos lulus SMAN bade kamana jeung kumaha. Ku jalan dialog tur bagi-bagi pangalaman ti nu tos janten mahasiswa atanapi para profesional, harepan teh mugia tiasa maparin motivasi ka barudak pikeun soson-soson diajar, oge gaduh pertimbangan kanggo pilihan studi/karirna. Implengan mah hoyong sekitar Agustus, bade dialog ka SMAN Wado teh sareng mhs wakil ti: UPI : jur Pend MIPA/IPS/OR/Bahasa UNPAD: Pertanian/Sastra/Ekonomi IAIN: Psikologi/studi agama ITB/ITENAS: Teknik Pokokna tiasa ngawakilan bidang studi IPA, IPS, Bahasa. Saha nu bae ngiring ameng ka lembur sim kuring bari babagi pangalaman/kanyaah .... diantos wartosna. Sementawis sim kuring sareng kepala sakolana bade milari tgl nu pas. Hatur nuhun kana perhatosanana. Wasalam, Ely Djulia ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

