Nuhun Mang,
Emh aya ku bungah euy jadi karyawan pabrik di batur mah. Nu di Nokia meunang
nokia, nu di pabrik kapal boa meunang kapal hiji mah. Ari uing mah kuli di
pabriks printer, berekah teu kaalungan hiji-hiji acan. Tapi da barina oge
keur naon, komputer ga teu kabeuli, maenya printer dikonek ka akuarium mah
ngadon jibrug paling oge.  

Duka Teh Icho van Astra, kabagean naon tah, BMW atanapi cekap apansa ?.

ps. Eta Si A Hendra geus sauna deui wae jeung Neng Ilona tadi peuting di
Imah emangna si eneng....(maca teh ukur kuat sa bab sapeuting eung, rea
pisan uruseun jiga jelema bener, he..he...).

-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, July 13, 2004 5:06 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] buku anatomi ku basa sunda/k. Hendri-Rakka


 >>Mang J,
Manawi uninga, kunaon cupumanik abdi teu embol-embol. Boa-boa geus seep
kontrak kitu ?. Lamun hargina naek, nu langganan kedah nambih atanapi henteu
?. Cing pang noelkeun Kang Dadan, sono ka seratan "urangsunda" tea.

okeh, kaleresan aya niat enjing enjing2 bade nyimpang heula ka karawitan 46 
memeh ka pangulinan. tapi kamari2 mah, basa di sms kang hawe cupumanik tos 
terbit, kadinya teh nyampak cupumanik teh nuju diamplopan sareng 
diprangkoan kanggo dikintun kanu tebih/langganan. boa can dugi ka cikarang.
-------------------

 >>nb. Eta A hendra (uing mah ka hendra teh da lanceuk) aya ku gede milik
nya,
ngadon sakola ka nagri deungeun kalahka meunang gewe genah di nokia.
Hanjakal tarjamahna ka basa indo, coba mun ka basa sunda, meureun aya nokia
husus versi sunda....

carita eta teh di adopsi ti tatangga di antapani tea nu ayeuna keur sakola 
di Tampere, si Riva. eta teh pangalaman manehna pisan, nya dipermak meh 
jadi carita A Hendra, hehe. ayeuna oge masih cenah gawe di BGS (aslina 
Bowne Global Solution, di Rakka mah, Browne). aslina mah, seueur pelamar 
cenah, ngan nu sanes mah ibu2 nu carogena urang ditu. si Riva nu katarima 
pedah meureun sarjana. tapi urang Finland mah memang mere perhatian pisan 
kana bahasa teh, si Riva oge kungsi menta basa sunda jeung jawa jang 
"welcome to the museum....(poho deui)". aya nu pesen cenah urang finland, 
duka jang web duka jang museum asli.

ngeunahna deui gawe di pausahaan suplayer Nokia, kabeh karwayan dibere 
inventaris Nokia nu panganyarna. si Riva (bapa betawi ibu jawa), oge 
kabagian, sok nga sms atawa nelpon ka bandung.
sigana nu gawe di Mercedes Benz Jerman (ayeuna mah DaimlerChrysler AG, 
merger jeung Chrysler amrik) mah teu dibere inventaris mobil 
mercedes...hahaha.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke