aeehh geuning baraya caket, muhun da abdi tibatan ka lemahsugih mah da caket keneh ka 
bantarujeg, mung sapuluh menit ( pami ban mobilna teu bitu..maklun jalanna sae pisan 
..)
Bapak Nasihin duka te teurang, Pami ti Bantarujeg teh aya sih anu sok meseran beas anu 
masih wargi tebih abdi mah, bapak Dinto anu bumina sisi jalan, anu arah pas bade ke 
lembur abdi, Cigaleuh.... ari tukang beas anu sanesna mah duka teu patos apal...pak 
Dinto oge, teu patos kenal. di bantarujeg oge aya karenal sakedik, sabab eyang ti 
bapak teh ti bantarujg.

Abdi mah SD kelas 6 teh taun 89, ngacleng ka jakarta, dugi ka ayeuna, Kapungkur teh 
tuda sesah sakolah di ditu teh, tebih pisan...janten ku bapak teh dipiwarang ka jkt. ( 
karaos ayeuna mah asa sararedih...hanjakal pisah sareng kolot teh ) 

Pami rayi abdi dua2na kapungkur di majalengka SMAN 1, SMAN2, ayeuna bade lebet hiji 
deui, cenah mah hoyong di majalengka...


punten panjang teuing..

Nia
-----Original Message-----
From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: July 15, 2004 4:41 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] Re: [UrangSund-jurutulis


Geuning, boa-boa masih aya patula patali bari jeung
tos tebiiiiiih pisan. Ari ti pun biang mah saurna asal
ti gunung, mung duka palebah manana, da can pernah
nyusul ka gunung, ayeuna pun biang tos teu aya.
Kapungkur mah waktos masih kuli di KUD Gandu, mindeng
ka Talaga (upami teu lepat di Talaga aya Juragan
Beas/-Gabah namina Bp. Nasihin duka masih aya keneh
atanapi tos pupus). Malahan kungsi mondok di
Bantarujeg, sami di Juragan Beas oge mung namina hilap
deui (eh sasih Maret taun kamari waktos ka Bandung
pendak + putrana Juragan Beas nu di Bantarujeg, atuh
mani asa diaku).
Neng Nia, di mana SMA na, abdi mah baheula di
Majalengka.
Cag heula, nuhun.

Jaka

 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke