> ---- Original Message -----
> From: "Hendri Mulyana" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Thursday, July 15, 2004 3:19 PM
> Subject: RE: [UrangSunda] Beja Penting ti Madinah Al Munawaroh
>
>
> > Cik...cik....guar sing rada panjang atuh ngeunaan Abdul Qodir Jaelani
teh,
> > sugan aya pulunganeun urang sarerea ...
> >
> > (mun teu lepat mah sok disebut waktos wiridan sanes ?)
> >
>
>
> RIWAYAT SYECH ABDUL QODIR JAELANI 1
>
> Bismillahirohmanirohim
> Puji syukur ka Allah SWT nu tos masihan ni'mat rizqi teu kahingga, oge
> sholawat kanggo Nabi Muhammad SAW oge shahabat, kulawargi, sareng urang
> sadaya. Hapunten kasadayana bilihna ieu seratan aya nu teu merenah dina
> manah oge pastina oge seueur kakirangan.
>
> Syech Abdul Qodir Jaelani teh salah sahiji wali nu pinjunjul, sareng
> kagungan derajat, makom luhur disisi Allah SWT, malihan anjeuna kenging
> jujuluk "Sultoni Aulia" nyaeta rajana para wali. Wali teh nyaeta hiji
> tingkatan (makom) nu luhung di sisi Allah SWT, tangtosna oge saluhungna
wali
> masih keneh dihandap Nabi. Manusa sadayana sami dipayuneun Allah SWT, nu
> hideung, bodas, pameget atanapi istri, nu ngabentenkeun tingkatan di
> payuneun Allah nyaeta taqwa, wali ngagaduhan tingkat taqwa nu luhung. Dina
> diri manusia tiasa aya sababaraha kajadian luar biasa (nu mengpar tina
> sunnatulah/heunteu lebet akal pikiran), nyaeta:
>
> 1. Mu'zizat
>
> Kajantenan luar biasa nu ditunjukkeun ku Allah SWT kanggo ningalekeun
> kakuasaanana sareng nambih kaimanan, kapercayaan Nabi sareng umatna, ayana
> mu'zizat teh dina diri nabi, sapertos Nabi Ibrohim teu neurak diduruk,
Nabi
> Musa tiasa meulah laut, Nabi Muhammad SAW dina kajantenan Isra Mi'raj
sareng
> Al Qur'an mangrupi hiji mu'zizat nu moal aya deui jalmi tiasa ngalaman hal
> eta.
>
> 2. Karomah
>
> Kajantenan luar biasa nu ditunjukkeun ku Allah SWT, ayana dina diri wali
> atanapi jalmi soleh nu derajat imanna tos luhung nanging sanes Nabi,
contona
> Syaidina Abu Bakar, sahabat nabi nu ngautahkeun katuangan dina patuangan
> anjeuna kumargi eta katuanagan teh haram, Syaidina Umar Ibnu Khatab basa
> keur khotbah Jum'ah ngagorowok mundur, singhoreng eta gorowokan Umar teh
> kadangungen ku pasukan muslimin nu keur kadeseuh ku musuh dina medan
perang,
> padahal jarakna ti Umar teh rebuan kilometer, Syaidina Ustman ibnu Affan
nu
> tiasa uninga kana eusi kandungan pameget atanapi istri, Syaidina Ali Bin
Abi
> Thalib basa perang jeung Yahudi ngajadikeun panto benteng janten
tameng-na,
> padahal eta panto teh tiasa diangkat ku 40 jalmi dewasa pameget, jrrd.
>
> 3. Istijrad
>
> Kajantenan luar biasa tina diri jalmi nu asalna tina bantuan setan, jin
> kafir atanapi kukuatan hideung sapertos elmu hitam, sihir, contona tukang
> sihir dina jaman Nabi Musa nyihir iteuk janten oray.
>
>
>
> Benten Nabi sareng Wali
>
> Nabi / Rasul
>
> 1. Kenging pitunjuk ti Allah disebatna Wahyu
>
> 2. Kajantenan luar biasa disebatna Mu'zizat
>
> 3. Nabi pangakakhirna Nabi Muhammad SAW
>
> 4. Gaduh umat
>
> 5. Gaduh Kitab suci
>
> 6. Teu tiasa kahoyong nyalira janten nabi
>
> 7. Kedah dipasihan terang ka sanes yen dirina nabi
>
> Wali
>
> 1. Kenging pitunjuk ti Allah disebatna Ilham
>
> 2. Kajantenan luar biasa disebatna Karomah
>
> 3. Wali dugi ka akhir jaman tiasa aya bae
>
> 4. Teu gaduh umat, wali mah janten umat nabi
>
> 5. Teu gaduh kitab suci
>
> 6. Upami takwa, sholeh, diparengkeun ku Allah SWT tiasa janten
>
> 7. Nu terang dirina wali, ti nu sanes saparantos ningali ahlak, takwa,
ilmu,
> jeung karomahna, wali mah tara ngangken-ngangken dirina wali, kumargi
tiasa
> janten ujub, ria, takabur.
>
>
>
> Asal muasal Syech Abdul Qodir Jaelani
>
> Syech Abdul Qodir Jaelani ngagaduhan nasab ti pihak ramana Syaidina Hasan
> bin Ali bin Abi Thalib, nyaeta putu nabi ti Syaidatina Siti Fatimah,
> sedengkeun ibuna gaduh nasab ti Syaidina Husein bin Ali bin Abi Thalib oge
> putu nabi ti Syaidatina Siti Fatimah, janten bih ti pihak ibu atanapi rama
> masih turunan Nabi Muhammad SAW. Dilahirkeun di Jilan tahun 470 H/1077 M
> gaduh rama namina Abi Shalih Zango Dost al-Jaelani salah saurang ulama
sufi
> di jamanna. Sufi teh salah sahiji jujuluk kanggo jalmi nu ngajalankeun
ilmu
> tasawuf, tasawuf biasana heunteu lepas tina ajaran tarekat (toriqoh)
nyaeta
> hiji elmu keur neangan jalan supados caket sareng Al Kholiq. Dina jaman
nabi
> teu aya namina istilah sufi atanapi elmu tasawuf, teu gampil nyebatkeun
yen
> Nabi teu ngajalankeun cara-cara nu dijalankeun ku para sufi, sapertos
dinten
> ieu teu saum enjing saum, gugah tengah wengi ngajalankeun shalat tahajud,
> seueur dzikir padahal nabi tos dijamin lebet ka surga, hirup dina
kasusahan
> sareng kamiskinan padahal nabi tiasa janten jalmi benghar tur senang,
kulem
> dina daun kurma, jsb. Abi Shalih Zango Dost al-Jaelani basa anomna  hirup
> sangsara, ku sangsara sangsarana keur tuang sadidinten oge mulungan tilas
> katuangan di pasar. Hiji waktos nalika anjeuna lapar, di sisi walungan
> ningali buah apel, teras apel eta dicandak tuluy dituang. Nalika nuju
tuang
> anjeuna ras emut kana asal muasal eta apel teras ngalirenkeun tuang apel,
> emutan enjeuna ieu apel teh ngalir tina walungan dicandak ku cai, cai
> pastina ngalir ti daerah nu langkung luhur. Tangtuna ieu apel kapiceun ti
nu
> gaduhna, beu ambeu  karunya teuing ieu nu gaduh apel, hanas dipupuk
dipiara
> mangtaun-taun tuluy uing nu ngadahar. Rek maluruh asal muasal ieu apel ah,
> sugan wae nu gaduhna tiasa kapendak, lajeng anjeuna mapay-mapay walungan
ka
> daerah nu leuwih luhur milari asal muasal apel.Catang dirumpak akar
diliwat,
> sapoe jeput neangan nu gaduh ieu apel tujuanna rek menta ngahampura
kumargi
> tos nyandak barang batur kalawan teu izin. Hiji waktos anjeuna manggihan
> tangkal apel di sisi walungan nu buahna leubeut pisan keur meujeuhna asak,
> ceuk emutanna moal salah deui pasti di dieu nu asal muasalna apel teh,
> nanging dimananya nu gaduhna ?, tuluy Abi Shalih teh kukurilangan di eta
> wewengkon, bari naroskeun ka jalmi nu dipanggihan sugan jeung sugan wae
aya
> nu uninga saha nu gaduh eta tangkal. Barang kapendak hiji sepuh, Abi Salih
> naros ka anjeuna, kieu ucapannana
>
> AS Abah ngiring naros naha terang kitu ka nu gaduh eta tangkal apel bari
> nunjuk tangkalna ?
>
> S Naha aya naon kitu cep, ceuk eta sepuh malik naros ?
>
> AS Kieu Bah, abdi tos nuang eta apel nu ragrag ka eta walungan bari teu
izin
> ka nu gaduhna, kumargi abdi lapar pisan, maksad abdi mah bade menta
hampura
> ka nu gaduh ieu tangkal
>
> S Ooo kitu ceuk eta kolot, nya kuring pisan nu boga eta tangkal the,
lajeng
> eta kolot nyarios kieu "Cep Abah the miara eta tangkal mangtaun taun, ari
> maneh mah genah wae ngadahar buahna bari teu izin heula ka aing.
Salajengna
> kumaha ?, cag urang teraskeun dina episode salajengna
>
>
>
>
>
> bersambung
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke