keke ngabandungan adu renyom bibit buit sumedang teh, palay nimbrung yeuh pun bapa oge kawitmah ti sumedang mun teu lepat mah daerah gending, atuh sakadang wargi oge nganjrekna teh di daerah patung sareng sabudereunana garasi bis MS (cenahmah masih aya patula patalina), cing atuh ari aya nu di sumedangmah abdi nyungkeun info wirehna aya pun UWA (Entoy atanapi Otoy) ceuk ujaring caritamah pun uwa teh muka toko bangunan di jalan raya saatosna belokan ti alun-alun sumedang. susuganan weh aya nu terang rumaos si kuring teh pareumeun obor sareng kulawarga sumedang. salam ti kota pudak, Tito Suryana ----- Original Message ----- From: Ridwan Kurniawan To: [EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, July 16, 2004 3:58 PM Subject: RE: [UrangSunda] khususon kanggo kang Ridwan
Kang Nur, Simkuring ge terah Sumedang keneh. Kieu jujutan silsilah na mah. Pun Bapa asli Sumedang, di Cikeruh kiduleun STPDN. (punten ari Cikeruh kalebet wewengkon Sumedang, sanes nya ?) Kawentar kamana-mana Cikeruh teh Kang, tempat tukang ngadamel bedil mimis sareng karajinan wayang golek. Sok we geura longok jalan nu ka arah garut/tasik, seueur kios bedil sareng wayang golek. Simkuring ayeuna bumen-bumen di Bogor - di Tanah baru nembe 2 tahun panginten. Mangga kang Nur dlajengkeun.... [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

