Mpup, bagea Nyai, mani lawas teu midang, kumaha cageur
Nyai teh?
Sarua akang ge nyanghareupan nu gering, jadi mun
ngadenge "tai pari" teh sok harendeg.
Kieu cenah, eta ge cenah, jeung deui ari ningali
langsung nu kumaha tai pari teh tacan kungsi ningal
jelas. Cenah ceuk kolot mah tai pari teh enya hideung,
cepel, jeung teu bau.
Ari nu disebut tai teh apanan sesa kadaharan atawa
hampas kadaharan anu dicampuran ku "zat warna" sesa
metabolisme. Enya bener eta tai pari teh tai
panganggeusan sabab sacara metabolis eta teh hampas
panganggeusan jeung sesa metabolisme anu panganggeusan
oge, jadi henteu heran lamun rupana hideung, sirikna
sel tubuh teh geus "kaperes".
Naha nu rek "ilang" sok ngaluarkeun tai pari?, cenah
nu maot teh aya dua rupa hiji nu disebut paeh
"garing", nyaeta paeh alatan gering ripuh (parna) anu
lila pisan (bubulanan atawa tataunan), jadi relatif
garing "raga badag nu gering teh". Jadi umumna nu maot
"garing" sok ngaluarkeun tai pari, jadi lamun tai eta
geus kaluar, biasana kulawarga nu gering sok siap-siap
(kitu ge mun taina kanyahoan). Anu kadua, jalma nu
maot "baseuh", maot gadadak, naha ditembak, tabrakan,
labuh, rag-rag, stroke, jeng sajabana, jadi
metabolisme badannya can kungsi kaperes, moal aya
hampas panganggeusan, tah nu kieu mah moal kungsi
ngaluarkeun tai pari tea.
Sigana sakitu Nyai Pupy pamanggih akang mah, mangga
kirang namah lereskeun bae kasadayana.
Kang Ya
Tungtung Seoul
--- Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Manawi aya nu uninga? nu kumaha ari "tai pari"?
> (wujud atanapi
> bentukna)
>
> Ari sakaterang abdi mah tai pari teh: hideung,
> cepel, teu bau..
> sareng naha leres nu bade pupus ngaluarkeun tai
> panganggeusan nyaeta
> nu disebat "tai pari" tea?
>
> Hatur nuhun sateuacanna...
>
> ~ipup~
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/