keke ngabandungan adu renyom bibit buit sumedang teh, palay nimbrung yeuh pun
bapa oge kawitmah ti sumedang mun teu lepat mah daerah gending, atuh sakadang
wargi oge nganjrekna teh di daerah patung sareng sabudereunana garasi bis MS
(cenahmah masih aya patula patalina), cing atuh ari aya nu di sumedangmah abdi
nyungkeun info wirehna aya pun UWA (Entoy atanapi Otoy) ceuk ujaring caritamah
pun uwa teh muka toko bangunan di jalan raya saatosna belokan ti alun-alun
sumedang. susuganan weh aya nu terang rumaos si kuring teh pareumeun obor sareng
kulawarga sumedang.
salam ti kota pudak,
Tito Suryana
Assalamu'alaikum....
Kang Tito,
Pami nu dimaksad toko saatos pengkolan alun-alun mah panginten toko nu aya di
peuntaseun SMAN 1 Sumedang (rada palih kalerna sakedik). Pami teu lepat mah nu
kagunganna teh jenenganna Pa Otoh/Pa Otoy. Nu diicalna teh sarupaning paku, hampelas
(kalebet bahan bangunan kitu?), teras ngical oli sareng bensin oge. Eta kitu nu
dimaksad ku Kang Tito teh?
Sakaterang abdi mah mung eta toko bahan bangunan nu pangcaketna ka alun-alun mah. Da
toko bahan bangunan nu sanesna mah rada tebih ti lingkungan alun-alun.
Duka tah panginten Akang sareng Teteh urang Sumedang sanesna aya nu tiasa masihan info
langkung jelas.
Nanging punten nya, bilih nu dimaksad ku Kang Tito teh sanes nu eta.
Wassalam,
Gilang
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/