Assalamu'alaikum,

Wilujeung tepang deui ka sadaya baraya Kusnet..
kalayan sim kuring oge bade nepangkeun ka anggota
milist enggal, wilujeung lebet di lembur "maya" (naon
basa sundana teh...?!?!$%*) urang sunda.. Sim kuring
Akos Kosasih, kawit ti Ciamis-Panawangan ayeuna nuju
buburuh di Cibitung-Bekasi ngangon urang jepang.

Parantos lami oge abdi henteu ngintunan
serat-elektronik, numawi teh seeur pisan kokoredan.
Punten we ahh ka akang jeung teteh salembur kusnet,
dugi ka ayeuna sim kuring mung janten tukang toong
inbox wungkul. 

Sakantenan, sim kuring oge bade tumaros ka kang Dany
Kurnia, manawi akang terangeun ka bp. Dudung anu
linggihna di Nagarapageuh? anjeuna teh anggota DPRD
Kabupaten Ciamis periode ayeuna. Manawi akang mindeng
papendak sareng anjeuna, pang wartoskeun ka anjeuna
tiasa sumping ke lembur Kusnet. Mun teu lepat mah,
anjeuna kungsi janten wartawan senior majalah basa
sunda oge, sateuacana lebet ka PDRD. 

Sakitu heula ahh.. soalna eta urang jepang ningalian
wae monitor kuring. Katingalina nu hayang diajar basa
sunda pangiten..

Wassalam,
Akos Kosasih
 
 
   






                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke