Assalamu'alaikum wr. wb.

tos lami teu nitenan e-mail, alhamdulillah dinteun ieu
simkuring muka e-mail eusina satumpuk matak lieur mun
di buka hiji-hiji. kukituna teu seumpeut dibukaan
sadaya.

tina sababaraha e-mail nu leubeut nya simuring maca
e-mail ngeunaan kapapatenan warga urang Kang Yaya.
Simkuring ngiring bela sungkawa mudah-mudahan
almarhumah di tampi iman sinareng Islam na di
sagedengeun Manteunna. 

kangge kang yaya, mudah2an ieu ujian teu ngajadikeun
leutik hate hirup di pangumbaraan. sabab hakekatna
ujian nu datang teh mun seug urang sadarmah eta 
mangrupakeun kanyaah ti Allah. mun urang kuat mangka
darajat iman di tambah ku Allah. 

pokok na mah ayeuna sing teuteup reungkeuneuk dina
kaimanan. ujian nu datang ulah neupikeun ka
ngajadikeun iman runtuh. malah sakuduna iman teh ulah
unggut kalinduan, ulah geudak kaanginan, sing kuat
ibarat tatangkalan nu akarna nanjeub pageuh ka dasar
bumi, dahan2na ngajulang luhur ka langit jeung bisa
mere buah nu manfaat keur balarea (Ibrahim:24)...

sok ach kang Ya... urang teuleuman hirup di
pangumbaraan ieu ku hate nu berag saperti
bihara-bihari. Pan urang keur makalangan, jadi sing
teuneung ludeung leber wawanen gede jajaten. Keun
Aceuk Rukmini urang du'akeun babareungan ku urang nu
aya keneh dikieuna sanes kitu kang Yaya ....

Wassalamu'alaikum wr. wb.

Kin's    


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke