MJ, sabenerna mah lain kuhayang hayang teuing nerbitkeun majalah basa Sunda anu rada beda jeung nu geus aya teh, kahiji mah nya ngabeungharan tea, ngabeungharan media citak basa Sunda, kaduana (ceuk pangrasa mah ieu anu pentingna mah) keur mere jalan ka sakabeh warga KUSNET dina ngamalirkeun tulisan tulisanana anu bacacar dina ieu milis/ Kusnet, da kuring yakin anu araya dina ieu milis teh lamun nyieun tulisan anu kaitung daria pasti bisa. Basa mimiti ningali majalah On/Off asa kataji ku desain-na, kaitung sederhana tapi ngondang panasaran dibandingkeun jeung nu sejen (misalna jurnal Kalam)asa leuwih narik ieu, sok sanajan eusina mah jauh tangeh ka Kalam mah. Sanajan enya dina prakna sigana bakal meakeun tanaga jeung waragad bari jeung can tangtu balik modal, geuning kungsi aya nu ngiberan Mangle we anu geus kaitung jugala ku pangalaman dina hirupna siga anu lungse, dihenteu henteu oge dina mangsa kiwari bacaan basa Sunda ngan ukur jadi bacan anu ka sakitu keur Urang Sunda teh, beda deui jeung mangsa anu geus kaliwat antara taun 70an, kapan basa Mangle ngamuat carita nyambung Mercedes 180 (?) MH Rustandi K, kungsi jadi sabiwir hiji. Duka teuing lamun nyieun siga Jurnal Dangiang anu ayeuna keur ngahiang, eusina ngeunaan kasundaan tapi make basa Indonesia, lamun kitu mah atuh lain ge ngahudangkeun basa Sunda, bisa bisa dianggap sabalikna. Ieu kahayang teh kakara nepi kana kahayang, impian tea, kapan ngimpi mah kaci teu kudu mayar, sual engke jadi kanyataan atawa henteu keun we ngimpi deui we, tapi sahenteuna boga impian geus lumayan tibatan teu ngimpi ngimpi acan. Wadah atawa organisasi, ari wadah gedena mah geus aya nyaeta YP tea, ngan meureun organisasi keur ngurus sapopoe anu can aya teh, copelna kudu aya nu nampa telepon mah.
MJ...insya alloh engke minggu rek ningali MJ manggung dina acara bedah buku Rakka, can kabaca buku Rakka teh kakara saeutik, kitu ge bari diselang ku ngaheureuyan budak,....tapi nu pasti mah budak dibejaan Mang Jamal ngarang buku terus kuring mapanas inyana supaya ngamimitian tulas tulis ambih siga Mang Jamal jadi novelis. MSasmita -----Original Message----- From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, July 20, 2004 4:07 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] diajar jadi wartawan jang rubrik URANG SUNDA dina majalah Cupumanik bulan Juli kamari, aya kang Mike Ontohod. jang bulan Agustus, tadina rek nayangkeun kang Yaya Seoul. tapi anjeuna teu tiasa masihan bahan alatan aya mamala, sim kuring ngahaturkeun Innalillahi wainna ilaihi roji'un. mugia tuang raka ditampi iman islamna, oge nu dikantunkeun dipasihan kakiatan. bieu muru dead line, kamari keimpleng, ah, rek nayangkeun rektor uing we heula. nembe tos dikirim via e-mail ka Cupumanik, bari hardfilena ke sore atawa isuk dianteurkeun ka Karawitan 46. Ua Sas, urang teh tiasa ngadamel majalah. kantun gaduh organisasina, oge ton he love buntutna, distributorna, tiasa eta oge nebeng ka kiblat buku utama asana mah. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

