Sae eta rancana teh, komo deui upami ditambihan ku acara ; "pasanggiri tembang pupuh", sapertos Kinanti,Sinom, Asmarandana, Dangdanggula sareng anu sanesna. Hanjakal didieu mah teu tiasa naon-naon kanggo ngiringan ngaheabkeun budaya Sunda. Wilujeng pakepuk atuh, punten teu tiasa ngabantosan. Pihatur SSW M Sasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Basa poe minggu ngawangkong jeung Pa Dadi P Danubrata (Teater Sunda Kiwari) jeung Pa RW di kampung kuring, ngeunteung kana kariaan 17 Agustus 2003 aya acara lomba maca dongeng basa Sunda nu ngiluan harita aya kana 40na, tah taun ieu mah rek ngayakeun lomba maca Carpon basa Sunda, kuring kapapancenan nyadiakeun bahanna, nyaeta kudu motokopy Carpon sapuluh siki. Ari motokopyna mah babari ngan milih carpon mana anu kira kira pas kana eta acara, pangpangna ulah nu panjang teuing ambih macana teu lila jeung panongtong teu bosen. Kumaha kariaan 17an di daerah saderek sadayana, aya teu acara nu nganggo basa Sunda, kasenian Sunda, bobodoran Sunda,.....?, mugi mugi we sing aya, ieu teh kasempetan kanggo ngaheabkeun deui aweuhan kasundaan.
MSasmita [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

